Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Narjamahkeun

Pangajaran 1

Narjamahkeun

Perkara Narjamahkeun


Kompetensi Dasar 

3.1. Menganalisis aspek kebahasaan dan rasa bahasa teks terjemahan

3.2. Menerjemahkan teks ke dalam bahasa Sunda atau sebaliknya dengan memperhatikan unsur kebahasaan dan rasa bahasa.

Narjamahkeun teh bisa sacara lisan bisa oge ngaliwatan tulisan. Narjamahkeun lisan ku urang bisa katiten upama aya tamu nagara deungeun ngobrol jeung gegeden di urang. Lantaran ngobrolna dina dua basa nu beda sok disadiakeun panarjamah. Panarjamah tuluy narjamahkeun obrolan sacara lisan. Ari tarjamahan ngaliwatan tulisan mah bisa dititenan tina tarjamahan karya sastra atawa ilmiah.

saderek ge kungsi meureun nya maca karya tarjamahan. Upama aya novel asing nu geus ditarjamahkeun kana basa Indonesia atawa basa Sunda.

Dina bab ieu saderek bakal diwanohkeun kana rupa-rupa teks tarjamahan sarta nganalisis basana. Leuwih jauh ti eta, saderek oge bakal dibere pancen pikeun narjamahkeun hiji teks dina basa sejen kana basa Sunda, atawa sabalikna.

Tarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nya éta mindahkeun téks tina basa sumber (asal) kana basa séjén (anyar). Narjamahkeun disebut ogé nyalin atau mindahkeun hiji basa kana basa séjén. Kagiatan narjamahkeun téh kacida pentingna, lantaran teu kabéh jalma ngarti atawa paham kana unggal basa nu dipaké atau digunakeun ku jalma séjénna. Upamana waé urang Sunda teu sakabéh bisa ngarti kana basa Inggris, kitu deui sabalikna. Conto gampangna waé, urang teh ngarti kana pilm asing, mun can aya tarjamahanana.

Baca Juga : Diajar basa Sunda dina Blog

Salian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atau nyadur. Saduran mah narjamahkeun basa Sunda karya sastra asing ku cara nulad jalan caritana wungkul. Ari ngaran tokoh jeung llatar caritana mah diluyukeun kana kaayaan urang. Conto karya sastra Sunda saduran R. Satjadibrata, diantarana waé, Eunteung Wasiat (saduran dongéng jepang, 1930) jeung Budak Timu (1932).

Padika Narjamahkeun

Narjamahkeun téh aya padika atau aturanana. Pangpangna kudu boga kamampuh dina basa nu rék ditarjamahkeunnana. Upamana waé, urang téh rék narjamahkeun basa Sunda kana basa Inggris, tangtu waé urang téh kudu bisa basa Sunda jeung basa Inggris. Aya tilu kamampuh basa nu kudu kacangking ku urang mun rék narjamahkeun:

  • Kamampuh gramatikal, mangrupa pangaweruh negunaan kekecapan, nyusunn kalimah, nyusun alinea, jeung ngalarapkeun éjahan.
  • Kamampuh sosiolinguistik, mangrupa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat pamakéna. Upamana waé dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha aya dina basa Inggris atau henteu.
  • Kamampuh semantik, mangrupa kamampuh dina ngaguar harti atau makna téks anu rék ditarjamahkeun. Upamana waé, dina basa Sunda aya paribasa kurung batok, naon tarjamahan dina basa Indonesiana? Naha bisa mun ditarjamahkeun sangkar tempurung kelapa. Tangtu waé ditarjamahkeunana téh kudu jadi bagai katak dalam tempurung, nu hartina sarua jeung kurung batok, nya éta mibanda harti langka  indit-inditan nepi ka kurang pangalaman.



Posting Komentar untuk "Narjamahkeun"