Teks karangan Bahasan Tradisi Sunda.
Saringset Pageuh Iket
Iket atau totopong téh kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbuhan.
Silokana nyéré/harupat mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosoranganan tangtu bakal beurat nyanghahreupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina mangrupa objék nu kudu sayaga pikeun disanaghareupan, sangkan hirup salawasna carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket.
Mimiti resep kana iket mémang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung ka saha baé nu weruh kanan iket, bari terus ngeureuyeuh ngalalar kampung adat. Najan masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawengku tilu bagian, nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun iket.
Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan ménak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos-saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero-atau ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna golongan cacah. Sedeng tina wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atau dikeureut tina wangunn pasagi.
Tina dua wangun ieu bisa kaguar ajén/palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun hirup masagi jeung siloka opat kalima pancer/opat pancer kalima urang. Pancer di dieu nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi dasar kahirupan (cai, angin, seuneu, taneuh). Wangun pasagi gé kapanggih dina motif di tengah batik. Béda jeung samping atawa taplak méja, wangun motif pasagi ieu mah salawasna teh nuturkeun wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal). Mun seug iket ditilep jadi juru tilu, wangun motif ieu mah bakal lempeng (horisontal). Ieu nuduhkeun kapancegan/kapengkuhan pamadegan hirup, teu luak-léok miyuni pucuk awi. Ari wangun juru tilu nuduhkeun konsép tritangtu (ratu, rama, resi). Tangtuna, ieu palsapah hirup kudu disurahan kalawan jembar, sangkan kadituna teh melengkung bekas nyalahan.
Iket gé bisa dibédakeun nurutkeun kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu maké iket lian ti bédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa beulitan iket. Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupaa beulitan iket, di antara waé, barangbang semplak, parékos/paros (nangka, jéngkol, gedang), koncér/paitén, julang ngapak, lohén, ki parama, udeng, pa tua, kolé nyangsang, porténg, jrrd. Kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur nu dipikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rékaan anyar nu ngahaja nyipta sorangan.
Tina rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket barangbang semplak ilahar dipaké jawara, kuda ngencar dipaké barudak ngora, parékos/poros jeung udeng dipaké barudak leutik jeung masarakat sapopoé mun rék digawé, jrrd.
Nu matak prihatin, arang langka séntra batik di Jawa Barat nu mroduksi iket. Lantaran iket pasaranna kurang pisan batan samping kebat upamana. Katambah, saeutik patokoan nu nyadiakeun batik, antukna masarakat nu mikabutuh iket ukur ngandelkkeun tatalépa. Salila ieu iket réa diproduksi ku Pekalongan, Solo, nu ngagunakeun téhnik produksi printing, cap, jeung tulis. Padahal, lamun iket diproduksi luyu jeung poténsi motif batik unggal daérah nu aya di Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé bakal jadi kabeungharan loka jeung daya tarik wisatawan.
Kiwari iket geus robah pungsina. Nu méméhna mangrupa tutup sirah nu dianggap luhung ajénna, kiwari ukur dipaké aksesoris (life style) jeung némbongkeun idéntitas étnikna. Najan kitu, tetap kudu sacara paksa, tapi dimimitian ku perkara leutik ngaliwatan nguniangkeun deui kasadar daék maké iket.
Kiwari nu ngarora gé geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohjerokeun jeung eusina, teh sawates ngagugulung cangkang. Salah sahiji tarékahna ngaliwatan sanggar seni Sunda jeung dunya maya (wébsite jeung blog Sunda) nu geus réa ngawanohkeun iket jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal éléh ginding jeung syal nu gambarna grup musik barat.
Dicutat tina majalah Cupumanik
No. 91/Taun VIII No. 7-Pébruari 2011, kaca 31-35
1) Naon nu disebut iket?
2) Naon baé babagian iket?
3) Naon bédana iket nu dipaké ku kaum ménak jeung kaum cacah?
4) Naon ajén atau palsapah hirup nu nyampak dina iket?
5) Cing sebutan naon waé motif iket téh?
Posting Komentar untuk " Teks karangan Bahasan Tradisi Sunda."