MODUL AJAR BAHASA SUNDA FASE F KELAS 11 SASTRA PUISI DALAM LAGU
1. Téks Kawih
Pileuleuyan
Sanggian Mus K. Wirya
Hayu batur, hayu batur
Urang kumpul saréréa
Hayu batur, hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan, pileuleuyan
Sapu nyéré pegat simpay
Pileuleuyan, pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur, amit mundur
Amit ka jalma nu réa
Amit mundur, amit mundur
Da kuring arék ngumbara
Rumpaka Kawih 2
Bandung-Lémbang
Sanggian Mang Koko
Diriung ku gunung-gunung
Gunung sasakala Sunda
Sunda jaya nu baheula
Pangjugjugan paniisan
Pangbeberah nu keur susah
Panyinglar sungkawa manah
Musnah ku hawana gunung
Istilah kawih sakapeung mah sok
dipaselupkeun jeung istilah tembang. Padahal harti duanana téh béda. Kawih mah
sakur seni sora. Ari tembang, mangrupa bagian tina kawih.
Kawih téh geus hirup ti baheula.
Malah perkara kawih téh kungsi dicatetkeun dina naskah Sunda Kuno. Ari tembang
asupna ogé rada béh dieu, sabada kapangaruhan ku Mataram. Tembang mah
ngalagukeun rumpaka anu wangun pupuh. Salian ti tembang, aya deuih anu disebut
kakawihan. Ieu ogé sarua lalaguan, tapi kakawihan mah lalaguanana husus dipaké
dina kaulinan barudak.
Dumasar kana waktuna, kawih téh
kabagi dua, kawih buhun jeung kawih modéren. Bédana téh beunang dicirian tina
rumpakana. Rumpaka kawih buhun mah tara kapaluruh saha pangarangna, upamana
rumpaka kawih "Éntog Mulang," "Ékék Paéh," "Awi
Ngarambat," jeung "Gunung Sari". Ari rumpaka kawih modéren
dicantumkeun saha nu ngarangna. Siga dua conto di luhur, duanana kaasup kana
rumpaka kawih modéren, sabab kanyahoan saha anu ngarangna.
Ari anu disebut rumpaka téh sarua
jeung lirik. Ningal kana wangunna,
rumpaka kawih téh kagolong kana wangun ugeran (puisi). Ku lantaran kitu,
rumpaka kawih téh ngandung unsur-unsur puisi, di antarana diwangun ku bait
(pada), jajaran (padalisan), purwakanti jeung gaya basa, sarta kekecapan nu
dipakéna (diksi).
Kabéhdieunakeun rumpaka kawih modéren
téh beuki mekar baé. Mekarna téh lantaran kapangaruhan ku robahna kaayaan
jaman. Upamana rumpaka kawih anu dikarang ku Mang Koko bakal béda jeung rumpaka
kawih beunang Darso. Kitu deui rumpaka kawih "Tanah Sunda" karangan
Mang Koko, bakal béda jeung rumpaka kawih "Budak Jalanan", karangan
Yayat S. Anu ngabédakeunana mah gaya basa, kekecapan, jeung eusi anu
dicaritakeunana.
Sangkan leuwih paham kumaha bédana,
geura ilakan conto ieu rumpaka kawih di handap.
Rumpaka Kawih ka-1
Sorban Palid
Akang Haji sorban palid, palidna ka Cikamiri. Akang Haji ku naon balik, ulah osok da nganyenyeri.
Akang Haji sorban palid, palidna ka Cilamaya. Akang Haji sumangga calik, nyanggakeun mah saaya-aya.
Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyom ka jalan. Najan sono najan héman, teu saé ngobrol di jalan.
Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyom ka jalan. Sono mondok sono nganjang, sono patepang di jalan.
|
Rumpaka Kawih ka-2
Kapalang
Nyaah Ciptaan
: Yayan Jatnika Vokal
: Abiel Jatnika
Teu wasa kedah ngantosan kantenan mun lami hasrat haté ngagedur hoyong pataréma dina soca,
sanaos sakiceup.
Ieu haté teu puguh rasa da bongan kapalang nyaah mondok gé teu tibra kantenan ngimpén, simpé.
Sok hoyong ngébatkeun lamunan anjeun nu sakitu antengna ngogo kasono.
Sok hoyong nyieuhkeun ieu kakangen tapi karasa asa leuwih kasiksa,
nalangsa.
Mun téa mah anjeun rék ngagoda duh, geuning ku téga. |
3.
Jenis jeung Unsur Kawih
a.
Jenis Kawih
Dumasar kana waktu gelarna, kawih téh
aya dua jenis nyaéta kawih klasik jeung kawih modéren. Kawih klasik téh kawih
anu gelar atawa muncul ti jaman béh ditu, tapi terus
dipikaresep kénéh nepi ka ayeuna. Éta kawih klasik
téh diraéh
deui atawa diaransemén ulang maké musik modéren. Dina kawih klasik, ngaran anu
nyipta laguna téh aya anu disebutkeun, aya ogé anu teu kapaluruh (noname).
Conto kawih klasik upamana baé kawih “És Lilin” jeung “Écéng Gondok”.
Ciri kawih
klasik téh bisa kapanggih dina rumpaka jeung aturan pirigan. Rumpaka kawih klasik réa diwangun
atawa dianggit tina puisi, kayaning sisindiran, sa’ir, guguritan,
jeung sajak. Tepi
ka taun 1950-an mah, anu nyaranggi lagu téh
geus ilahar sok maké puisi wangun sisindiran. Mun teu ku sisindiran, sok
ku guguritan (puisi anu ditulis maké aturan pupuh). Sabab
harita mah puisi anu keur populér téh
sisindiran jeung guguritan.
Kawih
modéren téh kawih anu gelar atawa muncul
jaman béh dieu, dipirigna maké musik
modéren, jeung anu nyipta laguna ogé sok ditulis. Conto
kawih modéren nyaéta lagu pop Sunda “Béntang Kuring” jeung “Mawar Bodas”.
Rumpaka
kawih modéren mah réréana ungkara biasa baé anu dicokot tina omongan sapopoé.
Arang langka anu disanggi tina puisi. Malah sakapeung réa kecap-kecap
anu kurang merenah atawa salah larap. Atuh musik pamirigna ogé teu
matok ku hiji aturan, leuwih kana nuturkeun kamekaran jaman.
b.
Unsur Kawih
Dumasar kana wangun jeung eusina,
kawih téh boga unsur-unsurna, ngawengku rumpaka, diksi, rasa, nada,
amanat, jeung téma.
1)
Rumpaka
Rumpaka
téh kekecapan atawa lirik lagu kawih anu dikarang
ku anu nyiptana. Rumpaka kawih réa dianggit tina
sisindiran, guguritan, sa’ir, jeung sajak (puisi bébas). Atawa gabungan tina sababaraha éta
unsur puisi.
2)
Diksi
Diksi
téh pilihan kecap anu dipaké ku anu nyipta lagu dina rumpaka kawih, kaasup gaya basa. Unggal anu
nyipta lagu boga ciri séwang-séwang. Aya anu maké ungkara puitis, aya ogé anu maké ungkara
sajalantrahna tina omongan sapopoé.
3)
Rasa
Rasa
téh sikep jeung cara anu nyipta lagu kana masalah anu diébréhkeun dina
eusi rumpaka kawih. Unggal kawih tangtu boga rasa anu béda-béda. Ieu téh
gumantung kana kasang tukang, kajadian, masalah, jeung
kaayaan
kahirupan anu nyipta lagu.
4)
Nada
Nada
téh suasana anu dihadirkeun ku anu nyipta lagu ngaliwatan rumpaka kawih sarta
dirojong ku wirahma jeung pirigan musik, sangkan karasa tur nepi ka anu
ngaregepkeun. Kapan kawih téh média pikeun ngébréhkeun rasa
(émosi). Sanggeus ngaregepkeun kawih téh naha urang
ngarasa
sedih, bungah, sumanget, jeung sajabana.
5)
Amanat
Amanat
téh pesen moral (papatah atawa naséhat) anu hayang ditepikeun ku anu nyipta lagu ngaliwatan rumpaka kawih.
Sakapeung amanat téh nembrak, sakapeung nyamuni, kapanggihna lamun urang geus
réngsé ngaregepkeun kawih.
6)
Jejer
Jejer atawa téma téh inti poko pikiran anu
nyipta lagu, anu ditepikeun ngaliwatan rumpaka kawih,
gembleng dina eusi
lagu ti awal nepi ka ahir. Jejer ogé kapanggih lamun urang
geus réngsé ngaregepkeun kawih.
4. Téks Sisisndiran
Sisindiran
Agustusan
Bubuka
(Limaan
pamaén arunggah ka panggung, ngigel bari rampak ngawihkeun sisindiran lagam lagu
“Sorban Palid”.)
Sisindiran sisindiran,
sindir sampir gogonjakan.
Sisindiran sisindiran,
ngaramékeun agustusan.
Sisindiran sisindiran,
sindir sampir gogonjakan.
Sisindiran sisindiran,
warisan karuhun urang.
Sisindiran sisindiran,
sindir sampir gogonjakan.
Sisindiran sisindiran,
omat ulah kasindiran.
Sisindiran sisindiran,
sindir sampir gogonjakan.
Sisindiran sisindiran,
ngageuing diri sorangan.
Paguneman
(Para pamaén
paguneman heula, tuluy nepikeun sisindiran séwang-séwangan luyu jeung jejer pasualan
anu rék ditepikeun. Pagunemanana silih témpas bari heureuy gogonjakan. Leuwih
hadé upama unggal pada sisindiran anu ditepikeun dimimitian sarta dipungkas ku paguneman.)
Pamaén 1 (jejer kamerdékaan
& pangwangunan):
Ka Cikarang meuli uyah,
meuli suling dirékaan.
Hayu urang suka bungah,
miéling kamerdékaan.
Baheula ka Karangtengah,
kiwari ka Leuwipanjang.
Baheula urang dijajah,
kiwari ngan kari senang.
Sangu liwet na boboko,
dibawa ka parapatan.
Masing inget ulah poho,
ka jasa para pahlawan.
Munara di Cihanjuang,
dieunteupan ku japati.
Maranéhna nu berjuang,
tandon raga reujeung pati.
Ngisikan dina pancuran,
moé baju ‘na gantungan.
Ngeusian kamerdékaan,
ngamajukeun pangwangunan.
Mun urang ka Sukamaju,
meuli lobak jeung tarasi.
Mun hayang nagara maju,
ulah loba nu korupsi.
Ka Cibingbin ngala haur,
mawa loyang ka ondangan.
Pamingpin nu di laluhur,
ngan hayang ngeunah
sorangan.
Pamaén 2 (jejer pendidikan):
Ngala hurang wanci lohor,
Ngala saga pikeun ubar.
Lembur urang tangtu sohor,
lamun wargana motékar.
Meuli hurang ka Pananjung,
meuli minyak dina botol.
Lembur urang bakal
nanjung,
lamun rahayatna getol.
Ti Cimahi rék ka kidul,
jalanna ka setatsion.
Mun jadi jelema kedul,
moal bisa naon-naon.
Mun liar ka alun-alun,
rék diuk na bangku kai.
Mun diajar taun-taun,
tinangtu boga pangarti.
Mun hayang ka Kebonkopi,
ulah poho mawa apel
Mun urang boga pangarti,
ku batur tangtu diandel.
Mang Ajid rék ngala buah,
ngala nangka ka Cidora.
Di masjid malem Jumaah,
nu aya ngan budak ngora.
Pameuntasan mindeng
kosong,
sabab cukangna paralid.
Pangaosan mindeng kosong,
sabab sepuhna marelid.
Dicutat tur diropéa tina Panggelar Sastra
susunan Hadi AKS (2015: kc. 32-35).
5.
Pedaran Sisindiran
Sisindiran
téh asalna tina kecap sindir, hartina
omongan anu dibalibirkeun, henteu togmol, atawa langsung kana
maksudna. Basa anu dipaké dina sisindiran ogé
diréka, lolobana murwakanti, bisa dikawihkeun, sarta aya cangkang jeung eusi.
Cindekna, sisindiran téh karya
sastra wangun puisi anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung
eusi, sarta diwangun ku pada (bait)
jeung padalisan (baris). Unggal
padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata) jeung murwakanti (ngandung sasaruan sora dina jajaran
cangkang jeung eusi).
Sisindiran
ogé boga tujuan pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa
pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa maksudna. Anu dipiharep
sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak nyigeung atawa matak nyeri
haté.
Ari ciri-ciri sisindiran téh nyaéta sapadana
diwangun ku jumlah padalisan anu jangkep (genap), jeung umumna
diwangun ku opat padalisan (dua cangkang, dua eusi).
Beuki dieu sisindiran téh terus mekar. Malah aya
sisindiran anu sapadana téh diwangun ku genep padalisan (tilu cangkang, tilu
eusi), dalapan padalisan (opat cangkang, opat eusi), sapuluh padalisan (lima
cangkang, lima eusi), dua belas padalisan (genep cangkang, genep eusi), jeung
sajabana.
6. Wangun
Sisisndiran
Nurutkeun M.A. Salmun (1962: kc. 51),
alhi basa jeung sastra Sunda, dumasar
kana
wangun jeung iketanana, sisindiran téh
dipasing-pasing jadi tilu rupa, nyaéta paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan.
Wangun paparikan jeung
rarakitan mah méh sarua, tapi ari wawangsalan mah
wangunna téh béda pisan. Upama paparikan jeung rarakitan mah diwangun ku
opat padalisan (dua padalisan cangkang, dua padalisan eusi), ari wawangsalan
mah ngan diwangun ku dua padalisan (sapadalisan cangkang anu ngandung
tatarucingan, sapadalisan eusi anu ngandung kecap konci pikeun nuduhkeun jawaban wangsalna).
a. Paparikan
Paparikan
téh asal kecapna tina parik
atawa parek, hartina deukeut.
Maksudna, sora kecap-kecapna atawa frasana deukeut antara cangkang jeung eusi.
Cindekna, paparikan téh sisindiran anu diwangun ku
opat padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang) sarta sora
tungtung padalisan cangkang jeung eusina méh padeukeut atawa purwakanti
laraswekas.
Ti Cimahi rék ka kidul, (cangkang, padalisan kahiji) - a jalanna ka setatsion. (cangkang, padalisan kadua) - b Mun jadi jelema kedul, (eusi, padalisan katilu) - a moal bisa naon-naon. (eusi,
padalisan kaopat) - b |
b. Rarakitan
Rarakitan téh
asal kecapna tina rakit, anu hartina
nyusun atawa papasangan. Dina rarakitan mémang aya kecap-kecap anu nyusun atawa
papasangan. Ilaharna éta kecap anu papasangan téh aya dina awal jajaran
cangkang jeung eusi.
Cindekna, rarakitan téh sisindiran anu diwangun ku
opat padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang). Kecap awal dina
padalisan cangkang dipaké deui atawa dibalikan deui dina padalisan eusi, nepi
ka kawas anu papasangan.
Peupeujeuh ari ka Bandung, (cangkang, padalisan kahiji) - a ulah meuli hayam katé. (cangkang, padalisan kadua) - b Peupeujeuh ari ka indung, (eusi, padalisan katilu) - a ulah nganyerikeun haté. (eusi, padalisan kaopat) - b |
c. Wawangsalan
Wawangsalan
téh asal kecapna tina wangsal (basa
Jawa), hartina jawab. Aya anu nyebutkeun tina kecap angsal, hartina asal. Aya ogé anu nyebutkeun robahan tina kecap wangsul, hartina balik.
Cindekna, wawangsalan téh karangan (sastra) anu
diwangun ku dua padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang), aya
cangkang jeung eusi. Dina cangkang aya wangsal anu kudu dijawab.
Dina
padalisan cangkang téh mangrupa tatarucingan (tetebakan) anu kudu dijawab
wangsalna. Sedengkeun dina padalisan eusi minangka kecap konci pikeun
nuduhkeun jawaban wangsalna. Kecap konci bisa kapanggih dina kecap atawa frasa
anu sorana murwakanti (deukeut) jeung sora eusi tatarucingan téa. Titénan
ieu conto di handap!
Imah
ngambang di sagara, (cangkang ngandung
tatarucingan, padalisan kahiji) ulah kapalang
nya béla. (eusi ngandung kecap konci, padalisan kadua) (wangsalna: kapal cai) |
Posting Komentar untuk "MODUL AJAR BAHASA SUNDA FASE F KELAS 11 SASTRA PUISI DALAM LAGU"