Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

MATERI BIOGRAFI - OTOBIOGRAFI

Materi Biografi - Autobiografi

A. Pedaran Biografi jeung Autobiografi

Lalakon atawa riwayat hirup kitu téh disebutna biografi. Dina kamus basa Sunda nu ayeuna, teu kapanggih kecap biografi téh, da asalna tina basa  deungeun.  Biografi  téh  tina  basa  nggris  (biography)  anu  hartina tulisan  sajarah  ngeunaan  hirupna  hiji  jalma.  Tuluy  éta  kecap  téh  diaku ku basa Indonésia sarta ejahanana diluyukeun jadi biografi. Sanajan teu kapanggih  dina  kamus  basa  Sunda,  kiwari  kecap  biografi  geus  biasa digunakeun ku urang Sunda keur nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.

Dina  téks  biografi  mah  hal  nu  kitu  téh  lumrah,  riwayat hirup  hiji  jalma  dicaritakeun  deui  ku  jalma  séjén.  Tapi nyatana  mah  aya  éta  téh  anu  ditulis  ku  sorangan,  ngan saolah-olah jinisna nyaritakeun batur dina medar riwayat hirup sorangan téh. Ari Lalakon  hirup  anu  ditulis  atawa  dicaritakeun sorangan ku jalmana modél kitu téh disebut autobiografi atawa otobiografi.

Umumna jalma anu sok nulis atawa ditulis biografina téh inohong-inohong anu geus moyan. Utamana jalma anu gedé pangaruhna kana sajarah, samodél présidén hiji nagara atawa tokoh pulitik. Lian ti éta aya ogé biografi wartawan, birokrat,  pengusaha,  tentara,  penemu,  jeung  sajaba  ti  éta. Sakapeung  aya  biografi  jalma  biasa,  tapi  jadi  luar  biasa lantaran kungsi ngalaman hiji kajadian nu istiméwa. 

Dina  basa  Sunda,  aya  sawatara  buku biografi jeung  otobiografi inohong. Hanjakal jumlahna tacan réa siga dina basa Indonésia atawa asing. Di antarana baé:

a.  Hurip Waras, Dua Panineungan, ditulis ku Ajip Rosidi taun 1988.

b.  Mulangkeun  Panineungan,  ditulis  ku  Prof.  Drs.  H. Muchtar Affandi taun 1997.

c.  Buméla ka Bangsa, ditulis ku R.S. Hardjapamekas taun 2005.

 

B. Unsur-unsur Biografi jeung Autobiografi

Biografi jeung otobiografi téh kaasup karangan narasi anu nyaritakeun lalakon hirup hiji jalma. Unsur-unsur anu dianggap penting dina téks otobiografi ogé méh taya bédana jeung karangan biografi. Salasahiji anu ngabédakeun karangan biografi jeung otobiografi téh dina lebah gaya nyaritakeunana. Umumna dina biografi mah ngagunakeun gaya jalma katilu, atawa sok nyebut “manéhna” atawa ngaranna langsung. Sedengkeun dina otobiografi, ngagunakeun gaya jalma kahiji, atawa sok nyebut “kuring”. 

Dina nulis biografi jeung otobiografi téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur kawas hidep nyieun karangan séjénna. Bédana, biografi mah kudu dilengkepan ku informasi, data, jeung fakta. Kudu taliti dina maluruh atawa néangan informasi jeung dokuméntasina, jeung éta informasi jeung dokuméntasi téh kudu lengkep nuliskeunana ulah aya anu kaliwat.

Dina  karangan  biografi  téh  biasana  didadarkeun  kumaha  lalakon hiji jalma ti lahir nepi ka kolotna. Malah réa biografi anu ditulis sanggeus jalmana maot. Di antarana anu sok diterangkeun dina biografi téh:

a. Ngaran, lalandian, atawa jujulukna.

b. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana.

c. Dedegan jeung pasipatanana.

d. Riwayat atikan jeung pagawéanana.

e. Pikiran atawa gagasanana.

f. Karya atawa hasil gawé, préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima.

g. Lalakon hirup nepi ka bisa suksés dina widangna.

h. Cita-cita jeung harepan anu kahontal jeung acan kahontal.


C. Nulis Biografi atawa Autobiografi

Biografi jeung otobiografi téh kaasup karangan narasi anu nyaritakeun lalakon hirup hiji jalma. Unsur-unsur anu dianggap penting dina téks otobiografi ogé méh taya bédana jeung karangan biografi. Salasahiji anu ngabédakeun karangan biografi jeung otobiografi téh dina lebah gaya nyaritakeunana. Umumna dina biografi mah ngagunakeun gaya jalma katilu, atawa sok nyebut “manéhna” atawa ngaranna langsung. Sedengkeun dina otobiografi, ngagunakeun gaya jalma kahiji, atawa sok nyebut “kuring”. 

Dina nulis biografi jeung otobiografi téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur kawas hidep nyieun karangan séjénna. Bédana, biografi mah kudu dilengkepan ku informasi, data, jeung fakta. Kudu taliti dina maluruh atawa néangan informasi jeung dokuméntasina, jeung éta informasi jeung dokuméntasi téh kudu lengkep nuliskeunana ulah aya anu kaliwat.

Néangan informasi bisa ku cara hidep ngawawancara inohong anu rék ditulis biografina (upama masih kénéh hirup atawa jumeneng), tatanya ka kulawargana, sobatna, atawa jalma anu dianggap deukeut ka éta inohong. Ari néangan dokuméntasi (tulisan, foto, audio, atawa vidéo) ku cara ngumpulkeun bahan tulisan anu lengkep tina rupa-rupa sumber kayaning buku, majalah, koran, internét, jeung sajabana. Saméméh nulis biografi, hadéna jieun heula rangka tulisan dumasar kana unsur-unsurna téa.

Cag!

Posting Komentar untuk "MATERI BIOGRAFI - OTOBIOGRAFI"