BERITA DAN ARTIKEL
1. Téks Warta
RBS MIARA BUDAYA SUNDA
Sangkan budaya Sunda
dipiwanoh, dipicinta, sarta dimekarkeun dumasar
cara tur
kamampuhna séwang-séwangan.
Saban
taun mahasiswa Jurusan Pendidikan
Bahasa Sunda UPI
ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS). Taun ieu, éta kagiatan RBS téh
dilaksanakeun tanggal 21-23 Pébruari 2017 di Gedung FPBS Kampus UPI.
Adad
Mulyadi, salaku Pupuhu Panata Calagara, netélakeun
yén
kagiatan RBS téh minangka kagiatan
pikeun ngasah kamampuh aprésiasi
seni
budaya Sunda ngaliwatan pasanggiri, “Dina ieu kagiatan (RBS, réd.), mahasiswa Jurusan Pendidikan Pendidikan Bahasa Sunda (JPBD) seja ilubiung dina miara seni
katut budaya Sunda kalawan jembar. Malah mandar tetep dipiwanoh, dipicinta,
sarta dimekarkeun dumasar
cara tur
kamampuhna séwang-séwangan. Ulah
nepi ka jati kasilih ku junti.”
Adad
Mulyadi gé nyebutkeun, materi
dina RBS téh ngawengku
pasanggiri ngadongéng, maca sajak, kamahéran kana aksara Sunda, tembang rancag,
maca warta, cerdas cermat,
jeung nulis karya nonfiksi. Iwal ti pasanggiri nulis karya nonfiksi, pasanggiri nu séjén mah diancokeun
pikeun para siswa tingkat SMP jeung SMA.
Pupuhu
JPBD FPBS UPI, Dr. H. Usép
Kuswari, M.Pd. nyebutkeun,
dina sajarahna éta kagiatan pasanggiri téh mémang diajangkeun pikeun parasiswa tingkat SMA.
Demi nu jadi udaganana, lian ti pikeun ngawanohkeun jeung numuwuhkeun rasa
cinta katut kareueus kana basa jeung seni Sunda, ogé minangka promosi lembaga jurusan (JPBD FPBS UPI) pikeun siswa SMA sangkan
katarik ka Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda.
“Kagiatan
RBS diancokeun kanggo ngirut siswa SMA, supados
mibanda karep lebet ka Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda. Alhamdulillah, seueur ogé mahasiswa
nu lebet ka JPBD
UPI
téh, marga lantaranana nya tina kagiatan RBS,” ceuk Dr.
H. Usép Kuswari, M.Pd.
Tina
kagiatan RBS, katangén pisan parasiswa anu makalangan téh réréana siswa anu
mémang deukeut tur deuheus
kana budaya Sunda. Déna, salasaurang patandang dina Pasanggiri Tembang
Rarancagan nyebutkeun, cenah sapopoé
di imah maké basa Sunda, tur mikaresep pisan kana seni Sunda.
“Kaleresan
pun biang téh
panembang Cianjuran,
janten di rorompok sadidinten tos biasa deui nganggo basa Sunda,” ceuk Déna nu
ogé siswa di SMAN 10 Bandung.
Dicutat tur diropéa tina Manglé, Édisi Maret Minggu II 2017.
2. Pedaran
Warta
Warta asalna tina basa Sansekerta, viritta, hartina béja atawa iber
ngeunaan hiji kajadian. Dina basa Indonésia disebutna berita. Ari Sumber
warta téh bisa tina laporan, bisa ogé tina sawangan kana hiji kajadian anu
eukeur atawa enggeus lumangsung.
Cindekna, warta téh laporan informasi tina peristiwa atawa kajadian anu sipatna penting, ngirut, jeung anyar
(aktual) pikeun masarakat
réa,
dipublikasikeun dina kalawarta (media massa), sarta faktual dumasar kana kanyataan
(fakta). Ari jalma anu sok
nulis warta disebutna wartawan atawa jurnalis.
Dina nepikeun warta, bisa ku lisan sakumaha anu sok ditepikeun dina radio jeung televisi.
Bisa ku tulisan sakumaha anu kabaca dina media citak kayaning koran
jeung majalah. Bisa ogé ku lisan jeung tulisan sakumaha anu katitén dina internét.
Sacara umum, kajadian anu ngandung ajén warta biasana ngandung hiji atawa
sababaraha unsur ieu di handap:
a.
Waktu (timeliness).
Waktu mangrupa ajén warta anu
kawilang penting. Warta téh ayeuna, kajadian anu karék atawa keur lumangsung,
tur mindeng mangrupa tuluyan tina poé ieu atawa poé saméméhna.
b.
Aya patalina atawa
hubunganana jeung kahirupan balaréa (significance).
c.
Anéh (the unusual).
Kajadian anu anéh bakal narik minat pamaca. Contona, mun aya anjing ngégél
jalma, éta teu anéh, tapi lamun jalma ngégél anjing, éta anéh tur ngandung ajén
warta.
d.
Konflik (conflik).
Perang, rajapati, tawuran, sasaéngan dina widang politik, bisnis, olahraga
mangrupa warta anu narik minat
pamaca. Mun di lingkungan hidep aya anu tawuran antarsakola, éta bakal jadi
kajadian anu ngandung ajén warta.
Ceuk wartawan mah warta anu
hadé téh nyaéta kajadian anu goréng.
e.
Kajadian anu deukeut jeung
nu maca (proéimity).
f.
Hal-hal anu kasohor atawa
geus dipikawanoh ku nu maca (prominence), upamana waé warta ngeunaan jalma, barang, atawa
tempat. Aya nu nyebut: ngaran ngagelarkeun warta.
g.
Hal-hal anu matak nimbulkeun
rasa simpati atawa matak ngahelas anu maca (human interest). Biasana
nyaritakeun jalma biasa dina kaayaan luar biasa, atawa jelema “gedé” dina
kaayaan biasa (walurat).
3. Struktur Warta
Saméméh prung nulis warta, urang kudu wanoh heula kana
struktur warta. Struktur warta téh kabagi tilu bagian: Judul (headline),
lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta. Sangkan batur langsung katarik pikeun maca warta anu ditulis ku urang, usahakeun
nyieun judul sing saalus-alusna. Hidep ogé osok langsung panasaran hayang maca
eusina apan lamun maca judul warta
anu hadé dina majalah atawa koran. Sabada nyieun judul (headline),
dituluykeun kana nyieun paragraf bubuka (lead). Nyieun lead ogé
kudu alus deuih, lantaran léad téh teu béda ti “étalaseu” toko. Mun urang nempo
étalaseu toko anu bérés natana, anu kumplit barangna, apan sok kabetot hayang
nyimpang. Tah, anu maca ogé kitu. Mun lead hiji warta alus, tangtu nu maca bakal terus kataji hayang maca nepi
ka bérésna.
4. Padika Nulis Warta
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun
lamun urang nulis warta,
nyaéta:
a. Dina nyieun lead, gunakeun basa anu matak narik
panitén jalma séjén. Nulis warta
téh usahakeun sing kawas anu keur cacarita sacara langsung (ngobrol).
b. Nyieun lead ulah panjang teuing, paling réa 30 kecap, atawa
kira tilu jajar ketikan.
c. Pisahkeun lead anu sakirana hésé dipikahartina jadi dua atawa
tilu kalimah.
d. Gunakeun kalimah parondok. Lamun kalimahna paranjang teuing,
kadang-kadang matak bingung anu maca, nepi ka teu bisa maham eusi warta.
e. Kecap-kecap anu digunakeun ogé kudu anu basajan. Usahakeun
tulisan téh sing genaheun dibacana tur gampang kahartina. Ulah réa teuing
ngagunakeun istilah-istilah asing anu sakirana matak teu dipikaharti ku nu
maca.
f. Usahakeun maké kecap-kecap pagawéan anu aktif, anu
ngagambarkeun tindakan atawa gerakan.
g. Lian ti kalimahna anu parondok, alinéana ogé ulah paranjang
teuing. Lamun alinéana paranjang, kalan-kalan anu maca boga sangkaan yén éta
tulisan téh hésé dibacana.
h. Nulis warta
téh kudu kawas ngalukis. Hartina, naon anu ditulis ku urang kudu mampuh
ngahudang imajinasi anu maca.
5. Padika Maca Warta
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun
lamun urang maca warta, boh
dina Radio atawa TV. Kahiji, kudu
bisa maca naskah warta,
lantaran ditulisna rada béda jeung tulisan séjén. Upamana waé dina naskah warta di luhur, aya lambang atawa
simbul tulisan nu béda jeung tanda baca biasana. Aya hal anu katingalina bèda dina ngalarapkeun tanda baca antara nulis warta
keur terbitkeuneun di surat kabar jeung warta bacakeuneun di media elektronik
TV atawa radio, pangpangna dina tanda baca koma (,) jeung titik (.). Dina warta
surat kabar citak saperti koran jeung majalah, tanda koma atawa titik tèh nya
tanda koma jeung titik biasa baé. Tapi tanda baca dina warta bacakeuneun
penyiar atawa juru warta media
èlèktronik mah, koma tèh diciriran ku gurat condong hiji (/), titik ditandaan
ku tanda gurat condong dua (//). Geura pèk tengetan deui dina warta Bandung TV di luhur sual unjuk
rasa tèa.
Kadua, maca
warta dina TV kudu alus peta
jeung dangdanan. Geus puguh ari sora mah kudu halimpu, ngoncrang, jeung béntés.
Matak sok aya kacapangan, nu maca warta
dina TV mah cameraface. Sabalikna,
ari maca warta dina radio mah
cukup ku sora nu halimpu, ngoncrang, jeung béntés. Teu kudu cameraface ogé teu nanaon.
Katilu, hal-hal anu
patalina jeung téhnis biasana ditangtukeun ku unggal stasiun Tv atawa radio.
Upamana waé cara diuk, merenahkeun alat-alat éléktronik kayaning mik, jsté.
Tangtu wé méméh jadi pamaca warta,
kudu aya latihan heula. Malah apan aya sakolana sacara husus.
6.
Téks Artikel
Seureuh
Ku Ruhaliah
Nepi
ka kiwari daun seureuh mindeng dipaké ubar kampung atawa tradisional,
pangpangna di pakampungan anu jauh kénéh ka tempat prakték dokter. Lamun
seureuh dipaké ubar, biasana sok dicampuran ku bahan-bahan séjénna, kayaning
apu, uyah, gula beureum, jeruk nipis, jeung nu lian-lianna
deui. Ku lantaran resépna asalna ti pakampungan,
biasana ubar tradisional modél kieu téh sok disebut “ubar kampung”.
Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung
seureuh (piper betle). Seureuh téh rupa-rupa
jenisna, nyaéta seureuh jawa,
rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna
tikuhur; jeung seureuh nu héjo uratna.
Seureuh
téh tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipaké nyeupah
jeung dipaké ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi
seureuh sok dijarualan kénéh di tukang rampé.
Seureuh
bisa dimangpaatkeun atahna, ogé bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu
raheut, bisa dibalur ku minyak seureuh atawa bisa ogé daun seureuhna dirieus,
dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna.
Pikeun
ubar nyeri panon, seureuh sabada dikumbah beresih, tuluy digélang ditinyuh ku
ciatah. Éta cai seureuh téh dipaké meresihan panon nu nyeri téa. Pikeun ubar
batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy dibalurkeun kana beuheung.
Anu nyeri dada ogé bisa diubaran ku seureuh nu meunang ngarieus kira-kira lima
lambar, dicampuran ku minyak hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung
bawang beureum sapotong.
Seureuh
matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri
huntu. Jadi, pangaruhna gedé pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu
maké daun seureuh minangka salasahiji bahanna. Kitu deui seureuh sok dipaké
paranti kekemu (obat kumur). Lian ti éta, nu bau baham ogé bisa
dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua lambar seureuh. Mun bisa
mah seureuh nu dibeuweung tadi téh terus diteureuy.
Mangpaat
daun seureuh bisa ogé keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina
istilah urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang irung.
Dina basa Indonésia mah disebut mimisan. Cara ngubaranana, daun seureuh
dipintel-pintel. Tuluy éta daun seureuh nu meunang
mintel-mintel téh dicocokkeun kana irung. Insya Alloh, moal lila ogé
getihna bakal saat.
Kiwari
geus langka wanoja Sunda anu nyeupah. Kitu gé anu osok kénéh téh geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu pati
dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh téh loba zat nu aya
mangpaatna pikeun awak urang.
Dicutat tur diropéa tina Cahara Bumi Siliwangi, Édisi No.
1 Maret 2009.
7.
Pedaran Artikel
Artikel
téh tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual (anyar). Bédana artikel jeung
karangan séjén saperti makalah, artikel mah dimuat dina koran atawa majalah. Ku
kituna, eusina ogé artikel mah ngébréhkeun pamanggih pribadi saurang pangarang
atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil
panalungtikan boh pamanggih ahli.
Témana
ogé rupa-rupa, bisa ngeunaan naon waé: sosial,
pulitik, hukum, agama, budaya, jsté. Ku lantaran kitu, artikel téh mibanda
sifat méré nyaho, mangaruhan, ngawewegan kayakinan, jeung ngahibur ka nu
macana.
Artikel
téh ditulisna sok ngaguluyur, sangkan gampang dipahamna ku batur. Lantaran
artikel mah dimuat dina média citak, jadi nu macana ogé bisa ti sawatara
kalangan. Umumna, artikel téh ditulis maké paragraf arguméntasi. Najan aya ogé
nu ditulis maké paragraf pérsuasi, narasi, jeung déskripsi. Nu penting
sarat-sarat artikel kudu katedunan. Ari sarat-sarat nulis artikel téh, di
antarana:
a. Basa nu digunakeun kudu jelas tur komunikatif;
b. Dirojong ku pamanggih ahli atawa data hasil
panalungtikan;
c. Témana kudu aktual;
d. Perkara nu dipedar kudu hal-hal penting tur
aya mangpaatna keur nu maca;
e. Kudu dimuat dina koran atawa majalah;
f. Ku lantaran artikel mah dimuat dina média
citak, nya tangtu wé cara nulisna kudu diluyukeun jeung aturan anu geus
ditangtukeun ku rédaktur koran atawa majalah. Upamana waé, panjang tulisan tara
leuwih ti 3-4 kaca.
Mun
hidep maca salasahiji artikel dina koran atawa majalah, sangkan eusina gampang
kacangking, sahenteuna kudu nyindekel kana hal-hal ieu di handap:
a.
Baca
heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat.
b.
Mun can
pati ngarti kana eusina, baca sakali deui.
c.
Catetkeun
hal-hal penting tina eusi artikel.
d.
Mun perlu
catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel.
e.
Jieun
ringkesanana tina artikel anu dibaca.
Disawang tina eusina, artikel téh
bisa dipasing-pasing saperti kieu:
|
No. |
Wanda Artikel |
Ciri-ciri |
|
1 |
Prédiktif |
Eusi pedaranana ngeunaan perkara
anu can kajadian dumasar sawangan (analisis)
pangarangna. |
|
2 |
Éksploratif |
Eusi pedaranana leubeut ku
fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna. |
|
3 |
Déskriptif |
Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji
perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan. |
|
4 |
Éksplanatif |
Eusi pedaranana ngajéntrékeun atawa
ngécéskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna. |
8.
Padika Nulis Artikel
Lamun hidep hayang mahér nulis artikel, tangtu kudu réa maca artikel-artikel karya
batur. Tina mindeng maca, urang bakal meunang inspirasi, bisa apal
kumaha ari nyusun kalimah, nambahan
kebeungharan
kecap, jeung apal kana gagasan
atawa sawangan anu hadé. Aya sawatara padika atawa cara anu bisa dipilampah pikeun ngamimitian diajar nulis artikel.
a. Nangtukeun Téma
Léngkah
munggaran anu kudu dilakukeun ku hidep dina nulis artikel téh nyaéta nangtukeun téma. Téma téh bisa dicokot tina pasualan anu aya di sabudeureun hidep, jeung keur ramé jadi padungdengan (viral). Bisa
waé anu patali
jeung jalma, tempat,
barang, kajadian, jeung sajabana.
b. Ngumpulkeun Bahan
Ngumpulkeun
bahan téh gunana pikeun nambahan
informasi sangkan leuwih lengkep jeung bisa dipercaya. Sumberna bisa tina hasil wawancara, référénsi buku-buku ti
perpustakaan, surat kabar, majalah, atawa internét.
c. Nyusun Rangka Tulisan
Nyusun rangka tulisan téh dumasar kana
struktur artikel, nyaéta bubuka (lead), eusi (body), jeung panutup (ending). Ari judul artikel téh sabisa-bisa dijieun sangkan ngirut jeung ngahudang kapanasaran anu maca.
1) Bubuka (lead)
téh ngagambarkeun paragraf kahiji atawa panyambung. Ieu bagian bakal méré kesan hadé atawa goréng kana eusi
tulisan. Ku kituna, dina bagian bubuka téh bisa disusun ku kalimah-kalimah anu persuasif, atawa lamun perlu ku anu kesanna provokatif. Carana bisa midangkeun arguméntasi anu
ngayakinkeun, némbongkeun data anu réa, nambahkeun anékdot anu patali jeung topik, atawa cutatan omongan ti tokoh anu kasohor.
2) Eusi (body)
téh bagian pasualan anu diguar
kalawan leuwih jero. Leuwih hadé upama diwuwuhan ku sababaraha référénsi.
Tujuanana sangkan anu maca paham jeung yakin kana bahasan anu diguar. Ieu bagian téh bisa diwangun ku sababaraha paragraf. Unggal
paragraf ngandung hiji topik atawa poko pikiran. Ari paragrafna bisa
déduktif, induktif, induktif-déduktif, déskriptif, atawa naratif.
3) Panutup (ending) téh anu ngébréhkeun solusi atawa kacindekan. Sanajan bagian ahir téh teu pati panjang,
tapi bakal nangtukeun kesan kana tulisanana. Ieu bagian nawarkeun solusi tina
masalah anu dipedar dina bagian eusi (body), atawa méré kacindekan kana
hal anu geus diguar.
d. Mekarkeun Rangka Tulisan
Rangka tulisan anu geus disusun téh tuluy dijieun jadi artikel déskripsi, narasi, éksposisi, atawa arguméntasi. Carana, bisa maké rumus 5W+1H (what, who, where, when, why, jeung how). Éta lima kecap pananya téh bisa digunakeun pikeun mekarkeun
idé-idé hidep anu geus disusun dina rangka tulisan téa. Pék tuliskeun heula saayana baé kalawan
ngaguluyur. Ulah mandeg
lantaran hésé nyieun kalimah, sabab engké ogé aya prosés mariksa jeung
ngaropéa deui tulisan (editing).
e. Ngaropéa Tulisan
Prosés ngaropéa tulisan
(editing) téh gunana pikeun ngaropéa éjahan,
susunan kalimah, atawa
idé anu kurang merenah. Dina ieu prosés,
tulisan anu geus
dimekarkeun tina rangka téh disampurnakeun deui. Pék baca deui hasil tulisan
hidep, tuluy pariksa bagian-bagian anu kurang merenah. Luyukeun jeung logika,
rasa, katut gaya basa hidep.
Posting Komentar untuk "BERITA DAN ARTIKEL "