Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

CARITA PONDOK

MATERI CARITA PONDOK

1) Watesan jeung Unsur Carpon

Wacana anu bieu dibaca di luhur téh disebutna carita pondok atawa carpon. Ukuranana mémang pondok, bisa dibaca ukur lima nepi ka sapuluh menit. Carita pondok kaasup kana carita rékaan (fiksi) anu nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Eusina biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun jadi conto atawa jadi eunteung ka anu macana.

Lantaran pondok, dina carpon mah kajadian téh biasana tunggal. Lumangsungna kajadian téh dina hiji waktu jeung di hiji tempat. Malah sakapeung mah ahir caritana ogé ngahaja siga ngagantung (open ending). Pon kitu deui para palaku jeung alurna. Palakuna biasana mah henteu réa, sarta konflikna basajan, henteu ngarancabang siga carita nu panjang.

Unsur-unsur carpon téh ngawengku palaku atawa tokoh jeung watekna; galur (plot) nu patali jeung téhnik nyaritakeun (penceritaan); latar (setting) anu nyoko kana tempat, waktu, jeung suasana; téma; amanat atawa pesan; puseur sawangan jeung puseur carita; katut gaya basa.

2) Kamekaran Carpon

Ayana carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti Éropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Mimiti ayana kira-kira katompérnakeun abad ka-19. Di Éropa jeung di Amérika, disebutna short story.

Dina buku Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus béda jeung wangun dongéng. Éta dua carita téh judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal". "Hibat nyaritakeun anak nu keukeuh ménta warisan ti bapana, ari "Santri Gagal" nyaritakeun kahirupan dua sadulur nu béda nasib lantaran kalakuanana séwang-séwangan.

Awal abad ka-20 beuki réa nu nulis carita pondok, utamana sabada medal majalah Papaés Nonoman jeung Parahiyangan. Dina éta majalah sering kapanggih karangan nu mangrupa carpon. Dina majalah Parahiyangan mah réréana dimuat dina édisi lebaran. Taun 1930, terbit buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka. Judulna Dogdog Pangréwong, ngamuat dalapan carita, karangan jalma anu maké inisial G.S.

Sabada nagara urang merdéka, beuki réa baé nu ngarang carita pondok téh. Henteu ngalaman aya pagedrug paham deuih. Teu siga wangun sajak nu kungsi teu diaku jadi banda budaya urang Sunda. Malah dina taun 1960-an mah kamekaran wangun carpon téh kacida suburna sabada medal rupa-rupa majalah Sunda, di antarana Warga, Sunda, Manglé, Sari, Langensari, jeung sajaba ti éta. Buku kumpulan carpon ogé réa diterbitkeun. Di antarana baé Carita Biasa karangan RAF (1959), Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (1960), Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (1960), Néangan karangan Caraka (1962), Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (1965), jeung sajaba ti éta.

Kumpulan carpon anu séjénna kayaning Panggung Wayang karya Aam Amalia (1992) wedalan Geger Sunten, Lalakon Bingbang karya Dian Hendrayana (2001) wedalan Komunitas Rawayan, Dina Kalangkang Panjara karya Ahmad Bakri (2001) wedalan Kiblat, Astrajingga Gugat karya Oom Komara (2001), Anak Jadah karya Cecep Buldansyah (2002), wedalan Kiblat, Dukun Lepus karya Ahmad Bakri (2002) wedalan Kiblat, Pantun Pangrajah karya Usman Supendi (2002), Kanagan kumpulan carpon pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana, taun 2003 ku pamedal Geger Sunten, Sapeuting di Cipawening karya Usep Romli H.M. (2010) wedalan Kiblat, Dua Wanoja karya Chyé Retty Isnéndés (taun 2014) Pamedal Kiblat, wedalan Kamucén,

Nepi ka kiwari carpon Sunda terus mekar sarta ditulis ku pangarang nu leuwih ngarora. Kitu deui majalah jeung koran Sunda tuluy ngamuat karangan carpon. Buku kumpulan carpon ogé masih diterbitkeun saban taun. Rupa-rupa hadiah sastra ogé dipasrahkeun ka pangarang-pangarang carpon pinunjul, di antarana baé Hadiah Sastra Rancagé nu dipasrahkeun saban taun keur buku sastra Sunda pinunjul.

leu di handap sawatara pangarang Sunda nu kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé keur buku kumpulan carponna.

Pangarang                                        Judul Buku Kumpulan Carpon                        Taun dilélér hadiah

Yus Rusyana                                    "Jajatén Ninggang Papastén"                               1989

Iskandarwassid                                "Halimun Peuting"                                               1990

Godi Suwarna                                 "Serat Sarwasastra"                                               1996

Caraka                                            "Awéwé Dulang Tinandé"                                     1998

Darpan                                            "Nu Harayang Dihargaan"                                    1990

Mh. Rustandi Kartakusumah          "Amanat dina Napas Panungtungan"                   2005

Yous Hamdan                                 "Geus Surup Bulan Purnama"                               2006"

Rukmana Hs.                                  "Oleh-oleh Pertempuran"                                      2007

Usép Romli H.M.                           "Sanggeus Umur Tunggang Gunung"                   2010

Us Tiarsa                                         "Halis Pasir"                                                          2011


3) Unsur Intrinsik Carita Pondok

Ilaharna karya sastra boh éta novel (roman) atawa carpon tangtu moal leupas tina unsur atawa struktur anu ngawangunna. Anu disebut unsur intrinsik dina karya sastra téh nyaéta susunan atawa komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng tur boga ma’na. Ceuk Robert Stanton mah struktur karya sastra téh diwangun ku: 1) téma carita; 2) fakta carita (alur, karakter, latar); jeung 3) sarana carita (puseur sawangan, gaya jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul). Tapi dina ieu pedaran mah moal rék dijéntrékeun kabéhanana, ukur sawatara struktur anu dianggap penting jeung perlu. Di antara struktur sastra anu bakal dipedar téh:

1. téma carita, téh sarua jeung ma’na nu nyampak dina carita. Sakapeung mah téma dina carita téh teu neumbrak ditémbongkeun, dina harti, disumputkeun atawa implisit. Ayana téma téh ajangkeuneun ngawewegan jeung nandeskeun beungkeutan kajadian-kajadian anu keur dicaritakeun nya éta ngeunaan kahirupan anu dicaritakeun dina éta carita.

2. alur atawa plot, sacara umum alur téh nyaéta runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung sacara kausalna (sabab-akibatna), nepi ka ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Hal-hal anu perlu aya dina alur nya éta, bagian awal, tengah, jeung ahir; ngayakinkeun jeung logis; nyiptakeun rupa-rupa kejutan (konflik); jeung ngamunculkeun laju ngaréréskeun pasualan-pasualan (klimaks).

3. karakter, téh ilaharna mah dilarapkeun jadi dua kontéks. Kontéks kahiji, karakter anu nuduhkeun individu-induvidu anu muncul dina hiji carita (ngaran-ngaran tokoh). Kontéks anu kadua, karakter anu nuduhkeun kana motif tina rupa-rupa kapentingan, karep atawa kahayang, émosi, jeung prinsip-prinsip moral tina individu-individu dina hiji carita.

4. latar, nyaéta tempat lumangsungna peristiwa dina carita atawa lingkungan anu nyampak dina leunjeuran carita. Latar téh bisa ngawujud dékor atawa tempat, misalna buruan imah, lolongkrang di jalan Braga, jrrd. Latar ogé bisa ngawujud waktu (poé, bulan, taun), cuaca, atawa mangsa. 

5. puseur sawangan, téh dina enas-enasna mah mangrupa visi pangarang, dina harti, puseur sawangan téh nyaéta posisi pangarang dina nilik hiji kajadian carita. Dumasar kana tujuanana Stanton hasil ngabagi opat puseur sawangan:

a. Jalma kahiji-nu utama, di mana pangarang mosisieun manéh minangka karakter utama anu ungkara caritana ngagunakeun kekecapan karakter utama. Ilaharana mah ieu puseur sawangan téh ngagunakeun kecap sulur jalma kahiji, saperti kuring, uing.

b. Jalma kahiji-lain utama, di mana pangarang mosisikeun manéh dina karakter lianna, lain nu utama.

c. Jalma katilu-kasengker, pangarang minangka nu ngatur kabéh karakter jeung mosisikeun manéh minangka jalma katilu, tapi ukur ngagambarkeun naon anu katingal, kadéngé, jeung anu dipikirkeun ku salah sahiji karakter wungkul.

d. Jalma katilu-teu kasengker, pangarang minangka nu ngatur kabéh karakter jeung mosisikeun manéh minangka jalma katilu. Tapi di dieu mah pangarang ogé bisa nyieun sawatara karakter anu mandeg mandiri.

6. gaya jeung suasana (tone), gaya téh nyaéta cara pangarang dina ngagunakeun basana. Najan dua pangarang ngagunakeun alur, karakter, jeung latar nu sarua, tapi hasil tulisanana bisa baé béda. Bédana éta tulisan téh katémbong dina makéna basa pangarang dina sawatara aspék saperti ritme, panjang-pondokna kalimah, detail, humor, konkrét, imaji, jeung métafora. Salah sahiji élemen anu pakuat-pakait jeung gaya nya éta tone. Tone nya éta sikep émosional pangarang anu ditémbongkeun dina hiji carita. Tone téh bisa katémbong dina rupa-rupa wangun, di antaran romantik, ironis, misterius, sepi, jrrd.

7. judul, téh minangka hiji hal anu penting dina hiji carita. Judul téh minangka ngaran macakal anu jadi ciri dina hiji karangan. Judul téh bisa méré gambaran ngeunaan eusi carita, sok sanajan judul teu salawasna luyu jeung eusi carita. Judul ogé aya nu ajangkeuneun méré gambaran ngeunaan kagemblengan ma’na eusi carita. Judul aya kalana mangrupa simbol palsapah, sok sanajan kitu judul sagemblengna hak préogatif pangarang dina nyirian karanganana.

Cag!


Posting Komentar untuk "CARITA PONDOK"