Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Latihan Carita Pantun

Latihan Carita Pantun

Sangkan hidep leuwih maham kana carita pantun, pék jawab pertanyaan ieu di handap!

1. Caritaan rékaan anu ukuranna panjang, gelar dina medium lisan umumna ngalalakonkeun tokoh-tokoh ti karajaan Galuh jeung Pajajaran disebutna....

A. carita pantun

B. dongéng

C.wawacan

D.carita wayang

 

2. Bagian naon baé anu sok dipidangkeun ngawirahma dina carita pantun?

A. rajah jeung bagian narasi.

B. rajah jeung bagian déskripsi. 

C. bagian deskripsi jeung narasi

D. rajah jeung mantra.

 

3. Carita pantun umumna ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria nu raket patula-patalina jeung Prabu Siliwangi. Anu matak carita pantun sok disebut mitologi?

A. Pajajaran

B. Tarumanegara

C. Kawali

D. Déwa Siwa

 

4. Nilik kana galur caritana, carita pantun dibagi jadi dua bagian nyaéta.... 

A. galur leunjeuran jeung galur simpay

B. galur leunjeuran jeung galur maju

C. galur simpay jeung galur mundur

D. galur maju jeung galur mundur

 

5. Palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul. Ungkara samodél kieu kaasup kana galur....

A. leunjeuran

B. simpay

C. maju

D. mundur

 

6. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakonkeun téh henteu kacatur balik deui ka nagara asalna. Sabada ngelehkeun sababaraha nagara téh tuluy tetep-tumetep jadi raja di nagara patalukan pangahirna. Ungkara samodel kieu kaasup kana galur....

A. leunjeuran

B. simpay

C. maju

D. mundur

 

7. Satria téh ngalalana, upamana baé lantaran néangan putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria pajajaran téh unggul perangna, tuluy kawin ka putri, sarta ngadeg raja. Dina carita pantun ungkara samodél kieu kaasup kana..

A. galur carita

B. jalan carita

C. eusi carita

D. amanat carita

 

8. Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya Di Kusumah kaasup carita pantun anu galurna....

A. leunjeuran

B. simpay

C. maju

D. mundur

 

9. Nurutkeun ahli, carita pantun téh minangka karya sastra sampakan sastra Sunda. Naon anu dimaksud karya sampakan....

A. lain pangaruh tina sastra deungeun

B.. pangaruh tina sastra deungeun

C. kapangaruhan ku sastra Jawa

D. kapangaruhan ku Sastra Indonesia

 

10. Bagian carita pantun anu nyaritakeun/nyambungkeun hiji kajadian jeung kajadian saterusna nyaéta....

A. deskripsi

B. narasi

C. rajah

D. dialog

 

11. Bagian carita pantun anu ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh dina hiji kajadian disebut bagian....

A. deskripsi

B. narasi

C. dialog

D. monolog

 

12. "Sumuhun timbalan Gusti, tapi Uwa ayeuna awon pinaros, saméméh ngadamel panjara beusi, juragan rék ngadamel naon heula?" Ceuk Ciung Wanara,

"Hayang tepung heula jeung Ibu, nu ngaran Nagaraningrum, ayeuna aya di mana?"

Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian....

A. deskripsi

B. narasi

C. dialog

D. monolog


13. "Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituduh, ka Rama neda papatah, muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad, rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu."

Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian..

A. deskripsi

B. narasi

C. dialog

D. monolog

Posting Komentar untuk "Latihan Carita Pantun"