1
Assalamualaikum Wr. Wb
Di samping teu di solempak Kakuping tapi teu kompak
Sakali deui ahh......
Assalamuallaikum Wr. Wb
Sampurasun sadayana.....
Tepangkeun nami abdi Haidar, alus nyah nami abdi Haidar. Tapi saalus-alusna aran Haidar ku babaturan mah sok disebutna Idang.... Dang ding dong dang ding dong ceunah....
Keun bae lah nyah da aranna ge babaturan, jadi sok hareureuy...
Jeung deui babaturan kuring teh ayeuna mah geus loba nu kacanduan kanu aranna hp, da arek teu kacanduan kumaha dina hp teh ayeuna mah aya kaulinan, aya FB, IG, WA, Tiktok. Tah komo dina tiktok ayeuna mah sok aya anu jojogedan. Jogedna teh aya nu kieu..... aya oge anu kieu.... Salain anu jojogedan ayeuna mah dina hp oge geus bisa neangan awewe.
Eh tong waka aning nyah da urang mah masih budak sakola. Tong waka bobogohan, awoooon. Kuring oge bareto basa keur duaan jeung babaturan awewe erek ka warung bareng nya, dicarekan eta kuring ku pa Mamat. Kieu ceunah nya "Maneh leutik keneh geus bobogohan, geus gedena rek jadi naon?"
Nya ari guru naroskeun kedah dijawab nya, "Jadi jalmi pa, moenya berubah jadi ultramen." Eta pa Mamat sentos mireng jawaban kuring langsung kuring di candak ka kantor tuluy ditanyaan, "Keur naon duaan di sakola?"
Kuring teh ngajawab, "Nganter pa bisik aya nu nyulik di jalanna"
Pa Mamat nyaur deui, "dari pada nganter awewe, mending nganter bapa ka wc. Kuring naros, "Bade naon, pa?"
Pa Mamat nyarita bari nyentak, "Bererihan we!" ceunah
Eta kuring kalahka dititah ngabereusihan we gara-gara duduaan jeung awewe..
Tapi rek kumaha wae oge urang teh ulah boga rasa dendam ka guru, da guru the kolot urang di sakola. Tapi ceunah anu aranna kolot mah sok masihan bekeul nya?
Bapa ibu guru diantosnya etana....
Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
Laun-laun nya dilebok
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
2
Assalamu'alaikum wr. wb.
Sampurasun....
Wilujeng siang Bapa/ Ibu sareng rerencangan sadayana....
Wawanohan heula yu! saur paribasa mah moal bogoh mun teu wanoh ....
Nepangkeun sim kuring patandang no.... nolis nu artina Nok Geulis....
Tos uruninga teu acan? Pan Sim kuring téh artis ngahariring gening unggal énjing... di kamar mandi. "Mukaku manis seperti gula, lémon, kecap sirop ABC"
Moal aya nu sabagja jiga kuring? naon sababna kuring bagja, sabab tiasa tandang makalangan di ieu patempatan. Sim Kuring asalna ti desa sanajan ti désa kuring téh moal éléh jeung nu di kota. Lamun dikota mah tuangna sareng roti dikéjuanan, pami di kampung mah cekap goréng sampeu dikéjuan.
Teu karaos tos ajaran baru deui sakol téh. Bakal pependak sareng bapa Ibu guru ogé réréncangan. Muga muga wae diajarna teu lieur jiga kamari. Teu tamat tamat ngitung téh,
Sok waé pelajaran olah raga mah 1,2,3,4,5,6,7, 8... tuluy 2,2,3, tuh nya pamiarsa. Aya tukang foto, mun ngétang 3 x 4 jadi 2000 henteu 12 leres teu? Aya deui roti tawar hargana teu tiasa ditawar. Ti dinya konsultasi wae kuring ka guru téh, pami lieur mah saurna mah kedah nuang TTD... eh leres tos nuang jadi calénghar....haroyong? haroyong ? sok ditaruang teu TTD na? saé kanggé kaséhatan urang salaku wanoja gening. Aya deui lalandian TTD versi sim kuring mah nyaéta Teras Tuang Daging nikmaat pisaan.
Kuring reueus jadi urang sunda. Urang Sunda mah kacida beunghar basana... Bahasa sunda téh Bahasa anu unik keur nyebut ka diri sorangan téh aya abdi, aya kuring aya aing poma ulah ditungtungan ku anying. Pan barudak ayeuna mah ari nyarita téh sok dibarung ku anying. Ari ieu nu saha? Nu Aing anying. Ari manéh saha? Aing anying. Kitu mun ngawaler téh matak awon kakupingna...
Aya deui kabeungharan kecap dina basa Sunda contona abdi-anjeun, urang- maneh, aing-sia... tong sua-sia,.... wani teu sia ka aing? Kacalétot.
Urang Sunda terkenal religius... mun rék nanaon sok inget ka Gusti Allah.... Bener teu?...... ieu mah bukuti nyata di sakola aya kagiatan solat lohor, hiji waktu babaturan kuring ngajak balik..... "Éh cuy urang balik waé yu, lohor di lembur"... "Nu baleg ah ke dihukum mun kabur!", "Tenang insaallah moal", "Ah, embung kena urang waé sorangan". jeung urang ogé, demi Allah"
"Yeh
Urang Sunda terkenal religius... mun rék nanaon sok inget ka Gusti Allah.... Bener teu? ieu mah bukuti nyata di sakola aya kagiatan solat lohor, hiji waktu babaturan kuring ngajak balik.... "Éh cuy urang balik waé yu, lohor di lembur"... "Nu baleg ah ke dihukum mun kabur!", "Tenang insaallah moal", "Ah, embung kena urang waé sorangan"... "Yeh jeung urang ogé, demi Allah"
Kamari kuring ngarasa capé pisan.... Kusabab rék aya penilaian...kuring sabatur batur ngadadak jadi atlit lari... enya lari, lari tina kanyataan....tungtuna mah ripuh enya nilai teu boga Sok sanajan kitu kuring ogé boga cita-cita. Kuring boga cita-cita hayang jadi jalma beungar nu dermawan, hayang ngabantu jalma teu boga ... kieu geura kawihna
upami jadi jalmi nu beunghar
moal nyaah ku dunya barana
badé ngabantu jalmi teu boga
sor... sor... dibagi rata
Émut sasauran bapa Ibu guru mun hayang sukses kudu getol sakola. Ku sabab ku élmu hirup jadi gampang, ku agama hirup jadi boga arah, ku seni hirup jadi éndah ku sambel hirup jadi seuhah. Sakitu nu tiasa didugikeun....
Panutup catur neda widi sim kuring seja ngadugikeun sisindiran
Di Majalengka aya bandara
Tong hilap nyandak kécapna
Abdi percéka hoyong juara
Da siap nyandak piala
Hatur nuhun kana perhatosanana.....
Wassalamu'alikum wr. wb.
3
assalamualaikum...wr.wb
kumaha iyeteh daramang sadayana??, damang atuhnya da mun te damang mah moalnya didie nya, pastinage diimah ker ngalaringkuk bari leho ngararambai
sampurasun...
barayaa..
didie aya nu sarua siga simkuring teu??, lain rupana etamah geus puguh beda da kuringmh han hiji ey limitid editions hampura we iyemah, tah pas mimiti dipiwarang jadi wawakil pasanggiri borangan, kuring mikir"alah borangan?? ai kitu aya lomba pahela'sien" jero hate, nanyalah ka paguru"pak ai lomba boranganteh naon oge lomba pahela hela sien?", ceuk kuringteh,"ai maneh kitu aya lomba pahela-hela sien da eweh nukitumah, yeuh dangu boranganteh lomba ngabodor sorangan lainkalahka lomba pahela-hela sien", ngadenge kitu kuring didinya pede wae lahnya ah naonnsi borangan nii sombong nya, tapii naha pas nyedek ka poe ayena ek abus ka iye ruangan, suku simkuring jadi gegeteran teuparuguh, pararegel da teu pegel, nahan kiih da mbung kiih, siga mesin 3 silinder geningan, tuluy wa, awak simkuringge kadi kesang badag kesang tiis, siga nu rek overhead, teing mun radiatorna jebol mah, tah tapii didinya kuring mikir dua kali, ah da iyemah ngaranage borangan, jadii keun wae batur ek aya nu sare, nu cemberut wae, nu pasinis-sinih, nu lulumpatan kaditu kadie nu kayang nu salto nu kumaha waege keun we ntong diurusan, da iyemah ngaranage borangan" lomba ngabodor sorangan",
tah kuring didie bakal ngabahas kabadegan para remaja, nu ka hiji nyaeta tawuran tah didie saha yeuh nu sok pipiluen tawuran sok ngararaku lah, ewehnya nu didiemah nu saroleh jeung sholehah kabeh, bakal calon presiden,bupati,gubernur, terus aya nu ek jadi kominpo, eh ulah karah bisi kabobolan dei data, bisik kena rada menyala, tah tawuran iyeteh ker ngaraja rela pisan, barudak ngora menii narekad, aya nu ek tawuran mnhna mamawa gantar paragi ngala buah, jadi iye gantar nubiasana dipake madogan buah nu tatangga, ayena ganti propesi dibawa tawuran, geus moal berkah nya, terus aya nu mawa samurai,bedog,arit,peso, tabung gas lpg paragi indungna masak, "iye gas aing kaendiken cenah", ai ngke dibawa tawuran ku budakna, ulah nya doraka nukituteh, tah tawuran iyeteh hese pisan ngacegahna, tahh daripada tawuran iye ek di ewehken kuring boga prinsip rek ngayaken tawuran nu disiplin, tong poho oge tawuran nu disiplin teh kudu 4 sehat 5 sampoerna, lain udud sampurna nya beda dei etamah, tah kumaha cenah ai 4 sehat 5 sempurna teh, jadi ngketeh lamun batur tawuran babaledoganteh batu,kenteng,perecon, urangmah ulah, urangmah babaledoganteh make tahu,tempe,susu,sayur,daging, tinggal ngararangah, kadie aya daging am, kadie aya sayur am, kadie aya gas lpg am, nya ulah etamah nya da lain aktraksi kuda lumping,
tah terus wa, tawuran nu alus teh kiye nya, kamari kuring balik sakola nempo aya konflik antara tk pertiwi jeung tk al-hikmah, uhh geus pasinis-sinih wa, panglimana datang,"siap gerak sebelum kita tawuran alangkah baiknya kita membaca surat al- baqoroh sampai dengan selesai", eta wa tawuran siga kitu pek teh aya nu maot, maot sahid tah nya
eh ayenateh aya nu viral sii haji2 tea ningan, aya nu apal?? haji dua bulan tahh heeh haji torik
dibawa haji, haji torik
dibawa ka atm, torik tunai
wh
dibawa dangdutan, torikk mang,
tapi tikabeh torik nu tadi eweh dei nu leweih torik iwalti pikiran anu torik, naon torik tarik meren mang, heeh tarik, mikiran naon cenah mang kuatka ngahaluleng panteng siga kituteh
mikiran kahirupan
nu eweh kamajuan
loba pisan kahayang gawena sasarean
dasar pangangguran
kabeki ngadengeken motivasi barijeng can pernah ngalakuken aksi, sura seri we ngahalusinasi jeung berimajinasi
huntu we bau tai nya
kararoneng jiga emas 24 karat, mending mun bisa dijual iyemah dikiloken ka rongsokge moal payu
lamun lapar, dahar lamun haus, nginum
lamun tunduh, sare
lamun pageh modol, etamah gejala panas dalam
salah sahiji penyebabna nyaeta loba teing ngadaharan kagorengan
numatakan jadi jelemateh tong resep teing kana kagorengan, bisik goreng kana masa depan
tapi ketang, nu tiis-tiit ge bisa menyababkan panas dalam, jiga sikapna anu tiis ngechet na senen ngabalesna sabtu
matak panas kana hulu, geus ah ntong galau nya
urang pantun we
micen runtah katempatnaken
lamun aya salah sing bisa ngahampuraken
jalan-jalan aya nu ngajak tos
sing papanggih dei disanes waktos
moe anduk teu disampaiken
han iye nu bisa didugiken ka kebon jeung mang nana hatur nuhun kasadayana
Wasalammualaikum..
4
NASKAH BORANGAN
Assalamualaikum. Sampuran.
Dina hiji dinten pun nini miwarang sangkan kuring jadi borangan. Kaleresan pun nini téh ngawulang di sakola tempat sim kuring ngatik élmu ayeuna. Euleuh... euleuh naha kudu jadi borangan? Di sakola pada terang kuring téh, anu tina ngaran ogé nyurup sareng babasan dedeg sampé rupa ganteng sakieu-kieuna. Awak gagah kieu mah moal borangan. Apanan barang ningal kuring oa oa gurudag ka alam dunya téh pun bapa tos nyiapkeun ngaran sangkan nyurup jeung tokoh pawayangan téa anu gagah, teuneung, ludeung taya kakeueung. Ari ieu kedah borangan? Beu....
Cenah, Borangan téh ngabodor sorangan, ngacapruk sorangan sabulang béntor, nyarita sosoranganan. Leuh, komo kitu? Atuh siga jalmi kurang saeundan kedah ngomong sorangan, diseungseurikeun sorangan, diémprakan ku sorangan, bisi batur teu ngeprokan. Ari saur pun nini téh, keun bae atuh itung-itung si Cépot manggung, cenah. Duh, ku téga nini nyaruakeun kuring jeung si Cépot.
Hiih, cénah, saleresna mah si Cépot téh kasép kacida, ngan ngala ka bapana Semar Badranaya. Apanan cénah, Semar oge saleresna mah satria kasép pisan tur luhur élmuna. Rada ngahuleng waktos pun nini nyaur kitu téh. Si Cépot nu beungeutna beureum, huntu nyenghél dua, ngomong rada ngosom "Heuu.. heuu... kadarieu...."eta téh titisan satria kasép pisan cénah. Tapi, keun baélah kuring rék disaruakeun jeung Cépot ogé. Bisa hirup teu nganggo batré ogé tos alhamdulillah. Teu kacipta nya mun hirup make batre, meureun nyarita oge sabedug sakali da kedah diawét-awét. Kumaha mun kosong pas meneran keur miceun?
Pamiarsa, jaman kiwari mah di Indonesia nuju kasengsrem ku aplikasi Tik Tok. Mimitina mah dianggo hiburan supaya henteu baketut haseum bae. Beuki dieu jadi dianggo pakasaban nu matak nguntungkeun. Atuh der sagala hanteu diasupkeun Tik Tok. Ti mimiti paripolah jalma nu torek, jalma paséa, jalma tigujubar, jalma gélo, budak paséa, ucing gering, lauk asin buruk ogé diasupkeun Tik
Tok.
Pernah kuring lalajo Tik Tok, hanas didagoan samenit, da dina paréntahna kitu. Ari heug téh ukur nempo tai ucing. Ngagoak bakat ku medenghel tah. Rék malés teu bisa. Nya, ku telenges éta jalma. Padahal mah dahar baé ku soranganna tong diibur-ibur ka batur. Pikir-pikir jadi kabawakeun bodo hirup téh lalajo nu teu aleucreug.
Sanés Tik Tok baé nu kajojo téh, sélpi atanapi moto sorangan ogé geus tos ilahar dipigawe sapopoé. Rék dahar sélpi, rek nginum sélpi, rék ka pancilingan sélpi, rék solat oge sélpi heula, Astagfirullah. Geus puguh ari keur piknik mah bari rupa-rupa gaya. Aya nu nuduhkeun jempolna,
1
hp
aya nu nuduhkeun curuk jeung jariji tengah, nu déngdék, nu tanggah, nu ngelél ogé digawean ku jaman ayeuna mah.
Kuring ogé da embung disebut kurung batok mah, uyub jeung batur, sakapeung sok sélpi tea. Kétang, sok sareunggah mun sélpi téh, tara meneran baé. Sangheuk ningal hasilna sok tara beunta. Rarasaan mah mun jeprét dipoto, mata téh sok dibelélkeun, angger dina potona mah keur peureum baé.
Karasa panggagahna mah mun dipoto bareng jeung babaturan. Paheula-heula nempo hasilna. Nu pangheulana ditingal poto sorangan kakara nempo batur. Apanan jelema mah kitu sok nempo poto sorangan heula, geus kitu karék nengetan batur. Geuning asa sorangan nu panggayana, artis ogé liwat. Lah, ngaku sadayana ogé tangtos kitu. Moal aya nu ningali heula poto batur, pastina poto sorangan heula. Jaba dipotona téh bari ngahalangan sirah batur, da asa panggagahna téa. Teu maduli sirah batur aya dina kélék urang.
Ku kacidana jaman atawa kurang gawéna jalma. Da sanés nerap ka budak ngora baé, Bapa- bapa, Ibu-ibu oge nyetél sabelas dua belas pada-pada milarian kajadian nu pamohalan. Ngajeprét hal- hal nu ahéng sapertos nu kasurupan malah jalma nu cilaka, sanés énggal ditulungan, nu keur engap- engapan jeung humarurung téh kalah dipoto heula, diwawancara heula. Mun kongang mah sigana kedah dibalikan deui kajadian ngajegérna. Lamun kacilakaanna parna mah, tos kabujeng inna lillahi. Mung sakitu borangan sim kuring. Wassalamualaikum.
2
5
Posting Komentar untuk "KUMPULAN BORANGAN NGABODOR SORANGAN BAHASA SUNDA"