Teks Biografi "Si Jalak Harupat"
Kiwari urang boga salam nasional minangka
pekik “merdeka!”. Ngucapkeunana bari nonjokkeun peureup ka luhur. Salam anu
ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa révolusi. Éta salam
nasional téh diciptakeun ku Oto Iskandar di Nata, pahlawan nasional ti Tatar
Sunda.
Tangtu baé, jasa Oto Iskandar di Nata téh lain
ngan sakitu-kituna. Perjuangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah
cai, natrat katémbong dina lalakon hirupna. Upamana baé, waktu anjeunna jadi
anggota Volkstraad (Dewan Rayat). Di
dinya sora Oto Iskandar di Nata téh harus pisan dina ngabongkar sagala
kateureugeujeugan pamaréntah kolonial Walanda.
Aya bagian pidatona anu kawentar, basa
anjeunna nyabit-nyabit kamerdékaan Indonésia. Saurna, “Alhasil gubragna kamerdékaan
bangsa Indonésia téh, rék karana dipaksa atawa henteu, gumantung kana sikep
Walanda sorangan. Tapi kuring percaya, bangsa Walanda cukup sadar. Tangtuna ogé
moal hésé milih hiji ti antara dua: mundur atawa diusir!”
Réaksi masarakat umum kana pidato Oto Iskandar
di Nata téh luar biasa. Umumna bangsa Indonésia asa dipangedalkeun kereteg
anggenna, anu salila-lila dikemu. Ti harita mimiti nyebarna jujuluk “Si Jalak
Harupat” pikeun Oto Iskandar di Nata téh. Dipapandékeun kana hayam adu asal
Ciparagé anu garung tara asor di mana-mana. Kongas kuat teunggeul, asak dina
ulin, tara kongkorongok salah mangsa. Tapi lamun neunggeul matak ngarumpuyuk
lawan.
Oto Iskandar di Nata téh dilahirkeun di
Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, tanggal 31 Maret 1897. Taun 1907 mimiti
sakola ka Sekolah Bumiputra Ka-1 (saterusna jadi HIS Karangpawulang Bandung).
Taun 1914 neruskeun ka sakola guru HIK Bandung (Sekolah Guru) sarta meunang
diploma No. 25129, 30 Agustus taun 1917.
Taun 1917 neruskeun sakola deui ka HKS
Purworejo (Sekolah Guru Atas) meunang diploma No. 15219, 5 Méi taun 1920. Taun
1920 jadi guru HIS di Banjarnegara, Jawa Tengah. Juni taun 1921 pindah tugas ka
Bandung, jadi guru HIS Volksonderwijs
(Perguruan Rakyat). Taun 1923 jadi wakil ketua organisasi Budi Utomo cabang Bandung.
Nincak taun 1923, Pa Oto nikah ka R.A.
Soekriah Martodiwirjo (lahir di Banjarnegara, 10 Juli 1906). Agustus taun 1924
dipindahkeun deui tugasna ka HIS Pekalongan, Jawa Tengah, sarta jadi wakil
ketua organisasi Budi Utomo cabang Pekalongan. Jiwa kaguruanana di ahir bakal
medal dina darmabakti anu jembar, nyaéta dina widang pendidikan bangsa. Jiwa
patriot jeung pajuangna mah mimiti katémbong waktu anjeunna di Pekalongan.
Harita, Pa Oto kapilih jadi anggota Gemeenteraal (Dewan Kota). Di dinya
wawanén, jajatén, katut wewesénna mimiti témbong téh. Kacatet dina sajarah
perjuangan, hiji peristiwa anu katelah “Peristiwa Bendungan Kemuning”, nyaéta
pacogrégan antara nasionalis Pa Oto jeung Tuan Kontrak Wonogiri anu nyindekel
ka Résidén Pekalongan.
Keur ukuran harita mah luar biasa atuh, aya
bangsa urang pangkat guru HIS geus wani-wani ngalawan Kangjeng Résidén. Tapi
kateuneung jeung kaludeung Pa Oto anu dibarung kajujuran jeung kaiklasan, geus
bisa ngéléhkeun kakawasaan Résidén Pekalongan. Malah Résidén sorangan anu
dipindahkeun ti Pekalongan. Ngan ti saprak éta kajadian, ngaran Oto Iskandar di
Nata dicatet dina buku hideung alias daptar jalma-jalma anu sawaktu-waktu bisa
dibuang ka Digul.
Lian ti éta, jasa Pa Oto salila di Pekalongan
téh di antarana baé ngabéla rahayat tina tindakan pulisi kolonial anu teu adil
jeung taya rasrasan. Terus deuih ngungkab kajahatan-kajahatan léntah darat
(réntenir) anu nyeuseup getih rahayat pribumi, anu hirupna katalangsara.
Bulan Agustus taun 1928 tugasna dipindahkeun
ka HIS Muhammadiyah Batavia (Jakarta). Di Jakarta, Pa Oto asup jadi anggota
jeung jadi Sekretaris Pengurus Besar Paguyuban Pasundan, malah terus jadi
ketuana. Waktu dipingpin ku anjeunna, Paguyuban Pasundan téh leuwih katémbong
kamajuanana, utamana dina widang ékonomi, pendidikan, jeung pulitik.
Salaku pajuang anu boga sipat bruk-brak,
anjeunna mikaresep tokoh Bima dina pawayangan. Lain pédah gagah gandang, tapi
lantaran teuneung ludeung ngabéla bebeneran, jujur, jeung sok langsung kana
tujuan. Dina nyekel pancén wani ngorbankeun naon baé asal tujuan kahontal.
Dina Jaman Jepang (1942-1945), Pa Oto ogé
nyekel kalungguhan jadi Diréktur Surat Kabar Cahaya, pingpinan Jawa Hookookai. Tuluy jadi pingpinan Badan
Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, anggota PPKI (Panitia
Persiapan Kamérdekaan Indonésia), BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha-usaha
Persiapan Kamerdekaan Indonésia), sarta dina jaman kamérdekaan diangkat jadi
Mentri Negara. Anjeunna ogé ngadegkeun BKR (Badan Keamanan Rakyat), anu engkéna
jadi Tentara Nasional Indonésia (TNI).
Pa Oto henteu kungsi lila ngalaman kamerdékan.
Dina ahir taun 1945, Pa Oto keuna ku pitnah. Tanggal 10 Désémber taun 1945, Pa
Oto diculik ti bumina di Jakarta, ku kelompok pamuda “Laskar Hitam”. Anjeunna
tuluy ditelasan dina tanggal 20 Désémber taun 1945. Layonna ngambang di Basisir
Katapang, Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapastian, saha saenyana anu
boga pokal ngaleungitkeun nyawa Pa Oto téh. Anu jelas mah jalma-jalma anu
henteu boga rasa tanggung jawab.
Pikeun miéling jasa-jasana, Pa Oto diangkat
jadi Pahlawan Nasional dumasar kana Surat Keputusan Présidén Républik Indonésia
No. 088/TK/Tahun 1973, tanggal 6 Nopémber 1973. Tuluy diwangun “Monumén Pasir
Pahlawan Oto Iskandar di Nata” di Lémbang, Bandung. Jujuluk “Si Jalak Harupat”
ogé diabadikeun jadi ngaran setadion di Soréang, Bandung.
Dicutat tur diropéa tina Tamsyah, B.R. (1997: 38-44).
Posting Komentar untuk "Teks Biografi "Si Jalak Harupat""