Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Teks Autobiografi "Rahmatullah Ading Affandie"

Rahmatullah Ading Affandie

 

Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluit-bisluit kadinesan, titimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung, dina Kartu Tanda Penduduk (KTP), dicatet 2 Oktober 1929. Sarua ari tempatna mah di Désa Banjarsari, puseur kota kacamatan. Persisna mah di Kampung Cibadak. Ari Banjarsari kabawa ka Kabupaten Ciamis. Perehna di jajalaneun antara Banjar-Pangandaran.

Henteu. Teu aya "akta kalahiran" anu bisa dijadikeun cecekelan nu pasti dina titimangsa kalhiran. Sabab harita mah, ngan urang kota nu lumrah nyarieun akta lahir téh. Kitu gé urang kota anu kaasup "priyayi" (pagawé negeri). Di kampung mah sagala rupa kajadian téh cukup ku dirangkepkeun jeung kajadian penting , saperti mimiti aya karéta api anu tembus nepi ka Cijulang. Atawa basa angeus pisan nyieun sasak beusi Walungan Ciputrahaji. Atawa deui, basa Ir. Sukarno dibuang ka sabrang, jeung sabangsana. Atawa sok dicatet ku kapur, dina panto. Da kitu umumna di kampung (harita) mah. Nu nginjeum paré, titimangsa ngagadé sawah, budak dilahirkeun, jeung sajabana. Cenah, titimangsa kalahiran kuring gé dicatetkeun dina panto. Ngan basa kuring lembut kénéh, imahna diruag, nepi ka leungit catetan oténtik téh.

Padahal sakuringeun mah pasti aya catetan resmi. Sabab basa dilahirkeun téh, bapa keur jeneng jadi jurutulis Camat Banjarsari, kaasup priyayi. Jadi pasti, aya dina catetan kapagawéan. Ngan nepi ka kuring gedé, teu kungsi kapaluruh, sabab bapa pupus taun 1934 keur kuring budak kénéh pisan. Bapa mantenna jadi Jurutulis Kabupatén Tasikmalaya. Jauh méméh kuring (sok) butuh ku catetan resmi titimangsa kalahiran.

Bapa kuring jenenganana Udintapura, pupus di Tasikmalaya taun 1934, bangunna mah dina yuswa 30 taun. Wani nyebut yuswana sakitu téh diukur tina sasama mantenna anu paranjang yuswana. Harita bumina di Babakan Domba, dikurebkeun di Cinéhél. Kuring gé ngan asa inget-inget poho kana pameunteuna. Minangka apal téh pédah aya potrét anu ku kuring dicitak ulang (diréproduksi). Opatan, Bapa, Mamah, Ki Lanceuk, jeung kuring umur sataun kira-kira. Aya nepi ka ayeuna.

Basa Bapa pupus téh geus teu sabumi jeung Mamah. Méh dua taun méméh pupusna, pipirakan. ,a,ah mulih ka bumi ibu-ramana (ka Éyang) ka Bojong Ciamis, ari Bapa nikah deui ka urang Garut. Ka Nyi Radén Téjajumala, biasa disebut Bi Éja atawa Bi Énden.

Mamah ()indung kuring) jenenganana Nyi Kulsum Ratnapermana, bibit buit Sindanghéréng , Panjalu. Tilu putra Mamah jeung Bapa téh. Tiluanana lalaki. Nu cikal Hidayat (Adung/Édi) lahir taun 1962, wafat taun 1978. Kuring nu panengah, Affandieu (Ading), jeung nu bungsu Harmaén (Adéng) lahir taun 1932, wafat taun 1990.

Sanggeus Bapa pupus, barudak yatim putra-putra Mamah téh dipencarkeun. Si Cikal dicandak ku Ua Guru anu geus ngalih ti Cibalong ka kota (Tasikmalaya). Si Bungsu angger jeung Mamah di Bojong. Ari kuring dicandak ku Mang Karya (Karyasasmita) ka Sukabumi, basa kabeneran Mang Karya naék pangkat tina guru bantu di Pamalayan, jadi Mantri Guru di Sukaraja, Sukabumi. Istri Mang Karya (Bi Odah) téh, rai Mamah pangalitna. Sasatna ku Mamah dirangkepkeunana ka Mang Karya téh. Di Banjarsari.

Najan can manjing sakola (kakara 5 taun), ku Mang Karya kuring disakolakeun di Sakola Désa (SD 3 taun). Sakola rada jauh ti imah, persis dina puhu tanjakan Gentong. Nepi ka ayeuna lamun pareng ngaliwat, sok dirérét (urut)  Sakola Désa éta téh. Sok nyéréngéh ari nénjo perenahna. Da rarasaan baheula mah asa lungkawing pisan gawir gigireun sakola téh. Nu anéh téh nepi ka ayeuna asa sok kacipta rupi (“juragan”) guruna. Taun llima puluhan mah malah kungsi ku kuring dipapay, panasaran. Tapi geus pupus harita ogé.

Bangunna melang Mamah téh tilu putra dipencarkeun di tilu tempat. Nu matak méméh sataun, ku Mamah ku anjeun kuring dipapagkeun, dicandak deui, dicandak ku Ua Guru, dihijikeun jeung Ki Lanceuk (Adung/Édi).

Di Kaléktoran bumi téh. Harita Ua keur jadi guru bantu di sakola Vervolg Cipedes, di Kota Tasikmalaya beulah Kulon. Ua Guru jenengan lengkepna Émo Suwitaatmaja, putra Éyang nomor dua, rakana pisan Mamah. Dibabarkeun taun 1899 di Sindangbarang, daérah panjalu.

 

Sumber: Andransyah, A., & Risnawai, 2023. Rancagé Diajar Basa Sunda Kurikulum Merdeka Fase F. Badung: Pusaka Jaya.

Posting Komentar untuk "Teks Autobiografi "Rahmatullah Ading Affandie""