Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

CARITA PONDOK

 Cukul

Tatang Sumarsono


1 Horéng lain gawé énténg-énténg ngantay pasesedek téh. Jelema anu ti isuk kénéh boa rebun-rebun kétah, sakitu ngaliudna. Teuing sabaraha ratus, bari saréréa hayang pangheulana. Cacak mun bari épés méér mah, cadu mun bisa meunang tempat rada di hareup. Nya wayahna waé kudu narimakeun jadi pangbocétna. Katincak mah, kabadug mah, tacan deuih tingpelenghirna bau awak-boa loba nu karék sibeungeut wungkul.

Kitu nu kaalaman ku Cukul, sanggeus aya kana dua jamna ngadago di hareupeun kantor pos. Bakat ku kapaksa, kajurung ku pangabutuh, pangna daék seselendep téh. Ieu mah duméh aya duit ciatah kahaat ti pamaréntah, minangka "tawis kaasih" ti Bapa Persidén pikeun rahayatna anu beuki katalangsara, sanggeus harga BBM mangprung teu beunang dierém. Nyao teuing atuh, padahal asa kurang kumaha pada ngahalang-halang mah. Tapi geuning noyod wé, teu nolih nu démonstrasi. Heueuh meureun, abong pamaréntah punya kawasa. Kitu nu aya dina pikiran Cukul.

2 Teu kasawang mun tadi nu ka dieu téh pamajikan, pokna dina haté. Indit jeung budak téa, tangtuna gé sok sagala ditunjuk, mangkaning sajajalan loba jajaneun. Tara beunang dipondah éta mah bebenjit. Leuheung kénéh ku ngarenghik, narajang ari geus ceurik aluk-alukan, malah sakapeung mah bari gégéréléngan. Abong kangaraning budak, teu nyaho di kasusah kolot.

Kamari pasosoré RT ngasrog ka sawatara imah anu saméméhna geus dicatet dina kolom kulawarga miskin. "Isuk tukeurkeun ka kantor pos kacamatan," pokna bari ngasongkeun kartu BLT, diterangkeun deuih yén kudu bari mawa KTP..

Teu kapapanjangan nanya, Cukul ngan nyebut nuhun. Mani asa disambung umur, dina mangsana keur loba pangabutuh, ari pék jol anu kikiriman, tur jinek réngkol angkana: saratus rébu rupia. Ih, nya lain lumayan deuih atuh, da sidik mahi keur bekel hirup lima poéeun mah. Malah mun bisa ngajeujeuh-jeujeuhna mah, jigana saminggueun gé cukup-asal budak tong haben bulak-balik ka warung!

Enya, da geus méh nincak saminggu manéhna ngaligeuh; taya anu nitah kula-kuli. Kitu waé bangsaning gawé kasar naktak mundak. Untungna téh teu bauan (sabenerna mah kajurung ku pangabutuh). Tong waka macul, dalah sakadar ngarambét anu saenyana hancengan awéwé ogé, manéhna mah daék migawé. Geus karuhan ari aya nu nitah ngaladén atawa ngakutan keusik, da éta mah kaasup anu rada punjul buruhanana. Ka mangnutuhankeun-mangnutuhankeun tatangkalan, iraha teuing manéhna nolak, asal aya wé nu nitahna. Malah kungsi buburuh nawu cubluk gé, bélaan bebelukan dina leutak campur kokotor sagala rupa. Geus aya kana opat taunna nanasibanana kitu téh, ti saprak di-PHK ti pabrik tempat gawéna.

Ngahaja indit isuk-isuk, sugan waé lowong kénéh: Ari pék méméh tabuh tujuh gé geus heurin usik. Heueuh, jelema ti sakacamatan téa, najan anu malaratna wungkul gé, lain saeutik-eutik. Pagawé anu rék ngabagikeunana mah boa di marana kénéh, da buktina panto kantor pos tacan aya nu muka.

Prungna mah tabuh dalapan leuwih. Nyaho sotéh nyebut tabuh sakitu lantaran manéhna ngarérét kana jam anu ngadaplok dina témbok. Anu ngantay mimiti ngised saeutik-saeutik; saurang-saurang kagiliran. Cukul nyelap di tengah-ti tukang kasedekkeun, anu di hareup seuseut rék maju. Najan isuk kénéh, tapi geus karasa hareudang, padahal beuteungna tacan kararaban nanaon.

Najan asod-asodan, ahirna mah teu burung nepi ka hareupeun lokét. Song kartu katut KTP anu ti tadi dikeukeuweuk diasongkeun ka patugas- paromanna taya sari-sari béar; teuing keur nyeri huntu, teuing tas paséa jeung pamajikanana.

Mimitina ku bapa patugas tiba dirérét, tapi saterusna mah bangun anu diteges-teges-diakurkeun antara potrét dina KTP jeung beubeungeutan anu nampeu di hareupeunana.

"leu téh enya Emang?" pokna. Saenyana mah pantes kénéh nyebut "Akang", da pantesna umur bapa patugas téh moal géséh jauh ti Cukul. Teuing kétah mun paroman manéhna dianggap geus kolot pisan. Kangaranan jalma sangsara téa, sok gancang pisan katénjo kolotna.

"Leres, Cép," walon Cukul. Lantaran disebut "Emang", manéhna kontan "nga-Encép-keun". Angkananana téh, keun waé basa mah teu meuli ieuh. Naon rugina nyebut "Encép" ka bapa patugas, atuh sugan waé beungeutna robah jadi rada béar.

"Mani béda pisan, antara beungeut jeung potrét téh," bari angger diteges-teges. "Lain ku nanaon sayah mah, bisi béda jalma, terus ieu duit dicokot ku anu lain hakna. Apan ka sayah-sayah kénéh engké téh neumbleuhna."

"Leres, Emang éta téh, Cep, tujuh taun ka pengker," Cukul ngayakinkeun, sok sieun nu tadina rék nampa duit kalah meunang barébédan.

"Euh, atuh ieu mah KTP-na ogé geus kadaluwarsa. Geus ti dua taun ka tukang, tuh, teu berlakuna ogé."

Cukul teu ngomong, da rumasaeun yén KTP-na geus lila kudu diganti. Lain teu niat, ngan rék nyieun KTP téh apan kudu maké waragad. Bari jeung manéhna rasa mokaha, duméh sapopoé ukur idek liher di lembur, jadi geus waé cukup ku KTP heubeul. Malah tara-tara acan dibabawa, gular-golér kitu waé dina palang dada.

Ah, kumaha mun gagal, ceuk dina haténa. Atuh meureun kana lapur, poé ieu mah sééng moal nyéngsréng, da geus teu boga pisan sangueun. Ari rék nganjuk béas ka warung, asa éra, da hutang nu ti heula gé tacan lunas kabéh.

"Kuduna mah teu bisa ieu téh, Mang," omong bapa patugas deui.

Cukul rada ngarénjag, harepanana nyay-nyayan deui.

Bapa patugas ngasongkeun duit sapuluh rébuan. Teu kungsi diitung heula. Heueuh, bakat ku atoh, malah bari semu ngadégdég nampananana ogé. Katurug-turug deuih anu ngantay tukangeunana beuki nyedekkeun.

"Hatur nuhun, Cép," pokna.

Boro-boro némbalan, atawa cukup ku manggut bapa patugas téh, ieu mah teu ngarérét-rérét acan.

7 Tabuh sawelas leuwih tujuh menit, anu ngantay ngan kari welasan Tapi, bapa patugas mah angger merengut.

Cukul datang rurusuhan ka hareupeun lokét.

"Punten, Cép, ngaganggu," pokna bari rada haruhah-haréhoh. "Aya naon?" jigana mah bapa patugas apaleun kénéh.

"Tadi téh aya nu lepat, Cép."

"Ah, mustahil maké aya nu salah sagala," bapa patugas megat kalimah. "leuh, Mang, sayah digawé di dieu téh, di bagian ieu, teu pindah-pindah, geus rék nincak dua puluh tahun. Mustahil atuh mun tepi ka nyieun kasalahan dina ngalaksanakeun tugas."

"Cép, artos anu tadi katampi ku Emang téh... langkung," omong Cukul. "Kumaha?" bapa patugas ngarénjag.

"Muhun, artos ti Encép téh langkung. Anu katampi ku Emang téh sanés sapuluh, tapi sawelas lambar."

"Oh, kitu, Mang? Ah, éta mah kasalahan anu teu dihaja atuh. Biasa, bakat ku riweuh ngaladénan masarakat," bapa patugas rada balaham- béléhém. "Sok atuh ka dieukeun duit anu leuwihna!"

Cukul ngasongkeun rébuan opat lambar.

"Naha ngan sakieu? Apan leuwihna duit téh sapuluh rébu. Ari ieu, naha ngan mulangkeun opat rébu? Kumaha ieu téh?" bapa patugas nyereng. "Apan Emang ka dieu téh kana angkot, sajalanna tilu rébu. Janten artos anu sapuluh rébu téh kacocéng genep rébu."

 kadieu téh naha leumpang, tumpak angkot, atawa kana hélikopter, éta mah lain urusan sayah. Pokona duit anu kudu dipulangkeun ku Emang ka sayah téh sapuluh rébu. Apan kitu ceuk pangakuan Emang gé, lin? Sok buru,

"Ah, teu bisa! Sayah mah teu urusan jeung ungkas-ongkos. Emang kapulangkeun sapuluh rébu!"

"Atuh Emang janten rugi genep rébu, Cép."

"Salah saha? Naha atuh lain tadi keur aya di dieu kénéh ngitung duitna, ngarah teu kudu ngaluarkeun ongkos! Nya lain tanggung jawab sayah lebah Ongkos angkot mah. Apan anu tumpakna gé Emang, lain sayah."

Cukul ngahuleng. Ngadadak kagiatan ngabagikeun duit gé eureun heula. Anu keur ngantay rada ngaliud ka hareupeun lokét, ngariung Cukul. Katémbong aya anu seselendep; lalaki geus aya umuran, dikaca panon hideung, maké topi aya aksaraan "véteran", disapatu olahraga, baju safarina gabrih teuing lungsuran ti saha. Najan geus huis wungkul, tapi katémbongna masih kénéh bérégégéh.

10 "Sok buru! Sayah téh keur loba gawé yeuh! Jeung kadé, éta téh lain duit sayah pribadi, tapi duit nagara anu kudu dipertanggung-jawabkeun sacara hukum. Emang daék urusan jeung hukum?"

Cukul ngahuleng kénéh. Tapi ahirna mah éléh déét. Duit anu opat rébu ku manéhna dibebeskeun deui kana pésak calanana, terus nyabut lambaran sapuluh rébu tina pésak séjén.

"Geus, Jang," ceuk bapa safari gabrih. "Éh, saha ngaran urang téh?" "Cukul," témbalna, bari hémeng kénéh ku kalakuan éta jalma anyar pinanggih.

"Cukul?" bapa safari rada kerung. "Pantesna anu ngaran Cukul ulah milu ngantay duit bantuan," pokna. "Tapi kétang, keun waé. Da geuning teu salawasna ngaran téh saluyu jeung nasib anu boga éta ngaran. Ngaranna Cukul, tapi hirupna ripuh. Sukarya buktina bet goréng gawé. Atawa, Salamet tapi katabrak mobil," bapa safari nyarita bari pepeta. "Ampihan deui wé, Jang Cukul. Keun, mulangkeun duit ka Cép Adén ieu mah ti Bapa," ngaluarkeun dompét, terus nyabut lambaran sapuluh rébu. "Tah yeuh tarima duit anu tadi kaleuwihan mayar ka Jang Cukul, bisi engké Cép Adén urusan jeung hukum."

11 Bapa patugas molohok.

"Urang kudu muji sukur, dina jaman kawas ayeuna, tétéla masih kénéh aya jalma jujur kawas Jang Cukul," omong bapa safari ka anu araya di dinya. "Jalma anu kieu yeuh, anu kudu meunang panghargaan ti pamaréntah mah. Teu cukup ukur ti walikota, dalah ti gupernur, da kuduna gé panghargaan ti persidén. Satuju henteu, para Sadérék?"

Cukul aluman-alimen, duméh cikénéh dipuji. Teu kasawang, mun tina mulangkeun duit sapuluh rebu, terus manéhna meunang panghargaan. Tong ti gupernur, komo ti persidén, ti walikota wé atuh! Atawa turunkeun deui sasetrip, ti camat! Ah, mani dijajadikeun asana téh. Kitu-kitu waé! Naon istiméwana mulangkeun duit sapuluh rébu anu lain hak urang?

"Jaman ayeuna mah geus hésé jalma jujur téh, komo anu kasebutna pangagung. Wakil rayat gé sami mawon. Raresep pisan gasab bin curaling kana duit nagara, tepi ka akibatna hirup urang sangsara saendeng-endeng. Kasebutna waé ieu nagara téh geus merdéka, tapi saenyana kénéh-kénéh dijajah. Yeuh, sim kuring anu baheula milu berjuang téh," nepak dada. "Ngusir penjajah téh meunang hésé capé. Tapi mana buktina sanggeus urang kasebutna merdéka? Rayat leutik pantar urang mah angger wé purah ripuhna. Leres kitu, para Sadérék?"

12 Taya anu pangangguran némbalan, ukur katémbong aya anu rada unggut-unggutan.

"Hayu, Jang Cukul!"

Cukul dikaleng ku bapa safari, ngaléngkah ka buruan kantor pos, laju diajak nyimpang ka jongko tukang tangkoah.

"Pangwadahankeun dua piring, lima rébuan!" omong bapa safari ka tukang tangkoah.

Rikat diladangan, da kabeneran tukang dagangna keur nyalsé, keur ngeusian TTS. Mun dilila-lila mah kuriak waé ngabolaykeun jajan.

Teu pinuh piring ayeuna mah tangkoah lima rébueun téh. Heueuh, abong hahargaan geus tingtérékél, pasusul-susul jeung sakadang BBM. "Meujeuhna kajujuran Ujang téh dipéstakeun. Saheulaanana mah urang dahar tangkoah wé. Keun, ku Bapa ditraktir."

13 Cukul unggut-unggutan. Manéhna angger masih kénéh ngarasa hémeng.

"Lain, Jang, naon sababna duit anu leuwih téh maké dipulangkeun deui?" bapa safari nanya bari ngahénggoy tangkoah.

"Da éta mah sanés artos hak abdi, Pa. Dina engké katedana ogé moal matak jadi maslahat," témbal Cukul.

Bapa safari rada calangap, duméh ngadéngé jajawaban kitu pandéna. Sidik, éta kalimah téh asa leuwih éndah batan fatwa para jumhur dina pangaosan, dina hutbah jumaah, dina mimbar agama televisi, atawa dina acara naon waé anu sakirana pantes nerangkeun amar ma'ruf nahyi munkar. "Sabaraha yuswa ayeuna?" Cukul nanya.

"Geus rék tujuh puluh, Jang," témbalna.

14 Cukul pangangguran kutrat-kutrét dina jero sirahna. Ayeuna merdeka geus genep puluh tilu taun, ari si bapa ngakuna rék tujuh puluh. Har, naha umur sabaraha taun waktu manéhna milu berjuang? Piraku budak umur tujuh taun geus milu ancrub kana révolusi? Teu bener atuh mun kitu mah katerangan si bapa téh. Atawa boa manéhna kérok ngitung umur. Lain tujuh puluh meureun, tapi kuduna dalapan puluh.

Teu, teu dikedalkeun pertanyaan anu éta mah, bisi si bapa kasigeung, mangkaning geus ngahutangkeun budi.

"Nuhun, Pa, nembé abdi dipanggentosankeun artos palalangkung. Atuh ayeuna abdi ku bapa dijajanan takoah," ukur kitu anu kedal tina biwir  Cukul mah, sanggeus piringna kosong-mémang manéhna keur lapar, ti

isuk tacan kararaban nanaon.

15 "Ah, da lain duit Bapa anu tadi dibikeun deui ka patugas téh," walon bapa safari, énténg.

"Maksadna?"

"Enya, apan ka Bapa gé sarua, patugas lokét téh kaleuwihan mayarna. Malah ka Bapa mah leuwihna téh dua puluh rébu," angger énténg.

Cukul curinghak, laju gogodeg-dina beungeutna kagambar kateu- panuju. Manéhna nyabut duit sapuluh rébuan, song dibikeun ka tukang tangkoah. Laju deregdeg balik deui ka jero kantor pos.***

Riungkawung (Cibiru), 25 Mei 2008


Posting Komentar untuk "CARITA PONDOK"