Pedaran Carita Pantun
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan.
Dina kamekaranana, carita pantun téh méré warna atawa
ngaideuan kana karya-karya séjénna saperti: film/sinetron, carpon, sajak. Malah
aya anu carita ayeuna tapi ditulisna dina wangun carita pantun saperti Madraji
karya Sajudi jeung Téja Kancana karya Tatang Sumarsono.
Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung
sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul
sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.
Upama nilik kana eusina, carita pantun téh umumna ngabogaan
pola nu sarua, nyaéta ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh
Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa néangan
pijodoeun.
Ari pola jalan carita pantun umumna téh kieu: Satria
ngalalana, upamana baé lantaran néangan putri pipraméswarieun. Sapanjang
ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna
satria Pajajaran téh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg
raja.
Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaéta galur
leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nyaéta galur carita nu
ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina niténan ruruntuyan kajadian dina unggal
épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui
nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk
nagara patalukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa
mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja,
cocoba, sarta pribadina beuki punjul.
Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu
réa. Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya di
Kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay téh, umurna leuwih
kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).
Upama nilik kana wangunna, carita pantun téh kaasup wangun
ugeran (puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah,
bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/
pamunah.
(a) Rajah
Rajah (Pamuka)
Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun
saméméh mangkat carita. Rajah eusina sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék
ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung
pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh
lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta
pantun.
Nilik eusina, rajah téh lain bagian tina carita. Tapi
sanajan kitu, rajah bagian penting dina pantun. Rajah minangka salah sahiji ciri
utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna. Nu matak
pantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.
Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu
panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung béda-bédana rajah
henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru
pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua,
bisa jadi rajahna ogé henteu pati béda.
Conto rajah pamuka dina carita pantun Mundinglaya di
Kusumah:
astagirullah haladim
astagirullah haladim
astagirullah haladim
opat puluh kali astagirullah haladim
bul kukus ngelun ka manggung
ka manggung ka sang rumuhun
ka batara ka batari
ka batara neda suka
ka batari neda suci
ka nu Agung neda maap
kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun,
ngahudang dongéng baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang,
bok bilih nerus nurutus, bok bilih narajang alas, palias nerus nurutus palias
narajaaang.. alas
neda agung cukup lumur neda jembar pangampura ka sakur para
lelembut ka sakur para dedemit ka sadaya neda pangampura nyanggakeun pangabakti
babakti ka nu jauh
babakti ka nu deukeut
ka sakur para karuhun ka sakur para raja nu kacatur dina
galur nu kakocap dina carita bisi kasebat namina bisi salah ngadongéngna bisi
salah nyaritana
henteu cocog jeung saenyana
kula neda pangampuuuuura
hung ahung...hung ahung ka nu linuhung di manggung
ka nu murba wisésa
nu ngawasa bumi alam
kula nyanggakakeun pangbaaaaaakti...
*******
https://www.youtube.com/watch?v=L9e9PJh1JPU
Rajah Pamunah (Panutup)
leu rajah pamunah teh enas-enasna mah eusina méh sarua bae
jeung rajah pamuka nyaeta sanduk sanduk papalaku utamana pikeun tulak bala
jeung pikeun pangnyinglar bala
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé. nya carék
Kami ngan darma mitutur Lalakon dilalakonkeun
Puun Sapuuuun Hyang Suwargi Sang Lumahing Nusa Larang Sing
langgeng di kasucian Lumanggeng di Kahyangan Ngahiji jeung Maha Suci Nya Hyang
Séda Niskala Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun.
http://qwastu.blogspot.com/
(b) Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru
pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah
katut kajadian déskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu
ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur
digalantangkeun baé ogé. Conto narasi dina carita pantun Lutung Kasarung:
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda
kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit,
ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh
cangcut.
Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan Ambu;
ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana
Lutung Kasarung: kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana.
Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang,
bisi kawiwirangan keur ngawula.
(c) Déskripsi
Bagian deskripsi nyaéta bagian anu ngagambarkeun tingkah
paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, léngsér
lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti
éta, bagian déskripsi téh ngagambarkeun ogé pangrasa haté saperti sedih,
ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian deskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak
sok disebut ogé papantunan. Papantunan téh kaasup bagian nu pikaresepeun,
lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur
karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Conto déskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun
kaayaan Purbasari sanggeus diboréhan kéler nahun ku Purbararang:
Ludak-lédok diboréhan, lain teu wuni boboréh, dipulasan
kéler nahun,
nu geulis ngadadak goréng, hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit, sasemu kénéh jeung
Ambu, pakéan jiga kiramay, karémbong saburubutan, salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung,
bawaeun linggih di gunung.
Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan:
Toroptopan téréptépan,
sacokot-cokotna meunang,
sabeulit mahi sagolék pangkék,
sacangreud pageuh,
nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar, keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom, disorén tungtungna baé, kékéwér dicindé kembang,
panjangna sadeupa mideur, susumping kembang jayanti.
(D) Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyaéta paguneman antara
parapalakuna. Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog téh di antarana
pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita,
sarta nepikeun gagasan-gagasan. Contona:
Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun
Lutung Kasarung:
"Adi, sia hayang hirup ta henteu?"
"Tétéh, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana
hirup ku Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang
dipaké kahayang kaembung; ing halé kari kumaha pangersakeun jeneng Si
Tété" "Lamun sia hayang awet hirup, di ditu pienggoneun sia, di
Gunung Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh."
Paguneman Purbararang jeung Léngsér
"Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?"
Témbalna Mama Léngsér "Jagong carang, Ratu Emas!"
Jade Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér
boa tos noong heula?"
"Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah
ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong"
"Nya sukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi
lamun tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari uar-uar
mah kajeun"
(e) Monolog
Monolog téh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté.
Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.
"Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak,
dideuleu pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda
pituduh, ka Rama neda papatah, muga tulus nya pangjurung, muga laksana
pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu"
(Tina Pangajaran Sastra, karya Budi RT)
Posting Komentar untuk "Pedaran Carita Pantun"