Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Karangan Bahasan : Konsep, Prinsip, dan Prosedur.

 Karangan Bahasan

Naon wangenan atawa pengertian karangan bahasan? Di dieu bakal dipedar naon ari karangan bahasan dina basa Sunda. Ti mimiti konsep, prinsip, jeung lengkah dina nyieun/nyusun karangan bahasan. Yu urang pedar babarengan.

1. Konsep

Artikel atawa bahasan, nya éta karya tulis nu mangrupa bahasan hiji pasualan, nu ilahar dimuat dina media massa. Artikel boga tujuan pikeun ngawawarkeun (informatif), mangaruhan jeung ngayakinkeun (pérsuasif-arguméntatif), atawa ngahibur (rékréatif).

Artikel disebut ogé karangan mandiri lantaran bisa ditulis ku saha waé tur topik naon waé. Waktu jeung tempat dijieunna bisa iraha waé jeung dimana waé. 

2) Prinsip

Wangun bahasan atawa artikel ngawengku tilu bagian, nya éta:

  • Bubuka, mangrupa dadaran atawa katerangan ngeunaan eusi artikel.
  • Eusi atawa pedaran, mangrupa inti tina naon-naon nu dicaritakeun atawa dipedar ngeunaan hiji jejer (topik).
  • Panutup, mangrupa bagian artikel anu nyindekkeun atawa nyimpulkeun eusi artikel.

3) Prosedur

Léngkah-Léngkah Nulis Pedaran

Ayeuna urang diajar nulis pedaran. Tapi saméméhna, naha hidep kungsi maca hiji katangtuan nulis pedaran nu hadé? Sangkan tulisan urang hadé, nulisna lancar, sarta kaharti eusina ku nu maca, perlu urang merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji tulisan. Pén tengetan ieu sawatara hal penting di handap.

a) Nangtukeun téma, topik,jeung judul

Téma: pokok pasualan atawa bahan nu rék ditulis (dipedar); Judul: beungeutna hiji karangan. Upama téma mah ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal euwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

(1) Nangtukeun Téma

  • Sawatara hal penting sangkan téma nu diangkat gampang dimekarkeunana, di antarana
  • ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing;
  • pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa dimekarkeun;
  • pilih téma nu sumber atawa bahan-bahana bacaanana babari dipaluruhna.
  • Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi hiji wangun karangan nu ngaguluyur
  • tur sistematis. Salah sahijina ku cara nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nya éta nu ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.

(2) Nangtukeun Topik - Judul

  • Nangtukeun judul karangan
  • Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana, jeung iraha. 
  • Judul minangka jabaran tina topik.
  • Judul leuwih husus (spesifi k) jeung ngagambarkeun masalah atawa perkara nu bakal dipedar
  • Judul teu kudu sarua jeung topik. Saupama topik sakaligus jadi judul, sipat éta karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega.
  • Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin éta judul cocog jeung eusina;
  • Judul nu hade bakal ngirup nu maca neuleuman eusina;
  • Judul ngan ukur nyebutkeun ciri-ciri nu pentingna wungkul, nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun hal-hal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.

b) Sarat judul nu hadé

  • Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa topic
  • Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca éta karya
  • Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget
  • Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang.
  • Judul ulah provokatif.

c) Tujuan Nulis

Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun:

  1. ngabéjakeun informasi, 
  2. manggihkeun hiji hal, pikeun ningkatkeun kamampuh, 
  3. ngadalikeun émosi, 
  4. nganalisis hijimasalah, 
  5. nambahan pangaweruh jeung wawasan, jeung sajabana.

d) Ngumpulkeun Bahan

Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun bahan. Rupa-rupa cara ngumpulkeun bahasan tulisan, di antarana maca koran, majalah, nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara masing-masing dina ngumpulkeun bahasa nu rék ditulisna.

e) Milah-milah bahan

Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-hal penting, maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan wawasan.

f) Nyusun Rangkay Karangan

Bekel karangan nu meunang milih téh tuluy disusun dina wangun rangkay karangan. Susun saléngkah-saléngkah. Léngkah mana nu rék diheulakeun jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus) tur ngaguluyur sarta kaukur.

Sakitu nu kapihatur, mugya urang bisa nyieun karangan dina wangun bahasan/pedaran dina basa Sunda nu dianggo sadidinten ku urang. Cag.

Posting Komentar untuk "Karangan Bahasan : Konsep, Prinsip, dan Prosedur."