Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

BIANTARA

Conto biantara kanggo guru tema PAUD Pendidikan Anak Usia Dini.

 

BIANTARA PENDIDIKAN ANAK USIA DINI PAUD

 

Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Sumber: pixabay.com/mic
Bismillah Alhamdulillah Wabihi Nasta’inu Ala Umuriddunya Waddiin Wa’ala Alihi Washohbihi Ajma’in. Amma Ba’du.

Girang Pangajén Anu Dipihormat;

Para patandang anu dipikareueus, teu hilap ais pangampih hormateun sim kuring.

Puji sinareng syukur urang haturkeun ka Gusti anu Maha Suci nyanggakeun puja ka Dzat Allah Azza Wazalla.

Dina dinten ayeuna urang tiasa kempel ngariung diwuwuh ku rasa syukur, tiasa patepang raray dijajap ku rasa bagja, ku wening galih tur dipirig ku ati anu suci. Dina raraga pasanggiri biantara basa Sunda ieu, mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan. Amin Ya Robbal’alamiin.

Sholawat miwah salam mugia tetep dilungsurkeun ka jungjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu parantos masihan cahaya kaimanan ka umatna. Pamugi urang sadaya kénging safa’atna di yaumul akhir.

Girang Pangajen Hormateun Sim Kuring;

Dina leresan ieu luyu sareng nu baris dipedar réhna sim kuring seja ngabantun téma biantara ngeunaan kalintang pentingna Pendidikan ANAK di USIA DINI.

PAUD mangrupi usaha ngabina murangkalih nu yuswana ti lahir dugi ka genep taun. Anu dilaksanakeun wuwuhna jasmani sareng rohani sangkan barudak siap pikeun naratas sakolana dugikeun ka tingkat saluhureuna.  Sacara umum, atikan PAUD nyaéta pikeun mekarkeun rupi-rupi poténsi ti leuleutik minangka persiapan kanggo hirup sareng nyaluyukeun dirina jeung lingkunganana.

Peryogi kauninga ku sadayana yén jaman kiwari resep kana maca buku téh kirang. Padahal kasebatkeun yén maca buku téh gudangna élmu, élmu naon waé ogé aya. Nanging buku parantos kasinglarkeun, buku ayeuna mung janten pajangan. Margi tos ngalih kana media anu kalintang canggihna tiasa ngahontal cakrawala, sareng informasi naon waé ogé aya. Nya éta hénpon atawa ilahar disebut HP. Ti kawit murangkalih alit dugi ka jalma kolot, HP ayeuna geus teu bisa leupas tina kahirupan jalma. Kamana, di mana jeung kumaha waé ogé kaayaanana pasti éta barang dicacandak.

Dina leresan ieu urang salaku pendidik kedah tiasa maluruh kumaha carana sangkan tiasa ngaping murangkalih anu resep nyoo HP janten diarahkeun nyoo éta HP na téh kana hal-hal nu hadé. Conto diarahkeun kana kaulinan nu sipatna ngatik jeung ngadidik boh dina wangun kaulinan-kaulinan édukasi (game).

Sakali-kali dina diajarna ngagunakeun HP éta ogé kedah disaluyukeun sareng program sakola. Teras kedah nuhun widi ka para wali murid sok bilih aya sepuh nu kaabotan. Margi teu sadaya murangkalih ngagaduhan HP, Mangga ka para guru, urang salaku pendidik ogé pengajar masihan atikan kalayan disaluyukeun sareng kamajengan jaman supados teu kakantun ku nagara nu sanés. Nanging tetep kedah dipasihan atikan anu saé kedah diemutkeun supados teu kajongjonan dina amengan HP. Margi pami teu diémutkeun bilih janten kamalinaan kana HP anu antukna bakal ngarusak kana sénsorik uteuk jeung motorikna éta murangkalih.

Dina masihan pangajaran nu diutamakeun ku urang salaku guru tangtos ngeunaan kamampuh motorik murangkalih, boh motorik kasar boh motorik halus nu jadi puseur atawa tujuan utama pikeun dimekarkeun ti murangkalih mah.

Teu seueur nu dipisaur mung sakitu anu kapihatur mugia aya mangpaatna khususna kanggo diri abdi, umumna kanggo sadayana. Hapunten bilih aya tutur catur anu teu kaukur, aya cariosan anu teu merenah kana manah.

Anu tandur mundur leumpangna

Amit mundur ka sadayana

Saninten buah saniten dicandak kaparapatan

Hapunten abdi hapunten samudaya kalepatan

Cag,

Wassalaamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh ….


Posting Komentar untuk "BIANTARA"