Wawancara
Apersepsi
Wawancara téh kagiatan tanya jawab antara hiji jalma jeung jalma lian. Aya kalana henteu duaan baé, tapi sok lobaan, boh nu nanyana, boh narasumberna. Sok katempo geuning ku urang dina televisi, kumaha réporter nanya ka masarakat, atau présénter berita ngawawancara narasumber. Tujuanana sarua, hayang ngagali informasi saloba-lobana. Ku sabab éta deuih, kagiatan wawancara téh saenyana lain keur kaperluan nyusun atau nepikeun warta. Wawancara bisa dilakonan ku saha baé keur ngumpulkeun informasi ti narasumberna, saperti dokter ngawawancara pasénna, ménéjér pausahaan ngawawancara calon karyawanna, jeung sajaban ti éta.
Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana téks laporan wawancara, ngaanalisis hasil wawancara, leuwih jauhna hidep dijurung pikeun ngarencanakeun sarta ngalaksanakeun wawancara jeung narasumber.
Posting Komentar untuk "Wawancara"