Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Panganteur

Bacaeun Murid

Assalamu'alaikum wr.wb. Kumaha daramang? Mugya urang sadaya aya dina panangtayungan Gusti Allah Swt. Aamin. Ieu blog minangka salah sahiji blog nu mibanda tujuan pikeun neundeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda tingkat SMA. Digunakeun di lingkungan sorangan, nya eta di lingkungan SMAN 1 Leuwimunding. Dina raraga mekarkeun literasi digital dina pangajaran bahasa Sunda. 

Basa Sunda Urang. Enya, basa Sunda urang, basa Sunda boga urang, digunakeun ku urang, jeung tangtu dipiara ku urang deuih. Ari cara miarana, jih, apan ku diajar, éta mah naha diajarna rék di sekolah, rék di lingkungan kulawarga atau babaturan sapangulinan. Ku diajarna urang pikeun nyangkem basa Sunda, hartina kanyaho urang téh bakal ngalegaan. Teh ngan saukur dina ngagunakeun basa Sunda wungkul anu bakal ningkat téh, tapi deuih kaweruh ngeunaan basa Sunda.

Posting Komentar untuk "Panganteur"