WAWANCARA
Téhnik Wawancara
Wawancara téh nyaéta tanya jawab hiji
jalma jeung jalma séjén anu tujuanana keur ngumpulkeun informasi. Bisa pogé
dilakonan ku dua jalma atau leuwih, boh nu nanyana boh nu ngajawabna. Tangtu
baé nu mikabutuh informasi téh nu nanyana, ari nu dipharep bisa méré informasi
nyaéta jalma anu diwawancara atau sok disebut ogé narasumber.
Wawancara biasana dilakonan ku wartawan atau réporter keur nyieun hiji
warta. Tapi aya deui nu sok ngayakeun wawancara jeung narasumber téh, upaman
baé ménéjer pausahaan ka calon karyawan, patugas sénsus ka masarakat, atau
dokter ka pasénna. Tujuanana sarua, pikeun ngagali informasi.
Saméméh ngayakeun wawancara, biasana mah
kudu nangtukeun heula topik jeung tujuanana. Topik téh keur muguhkeun masalah
naon nu rék digali dina wawancara. Sedengkeun tujuan nkeur muguhkeun informasi
naon baé anu hayang kakumpulkeun tina éta wawancara téh? Sanggeus topikna jeung
tujuanana dipuguhkeun, kakara tangtukeun saha narasumberna.
Dina milih narasumber ogé teh
sabongbrong. Tegesna, narasumber téh kudu jalma nu dianggap mampuh méré
informasi sarta paham kana masalah nu ditanyakeun. Malah sok dipilah-pilah, aya
narasumber utama atau primér, aya deui narasumber tambahan atau sékundér. Jalma
anu dianggap apal pisan kana masalah jeung kompetensi ngajawab éta masalah sok
disebut narasumber utama. Ari narasumber tambahan mah ukur keur ngalengkepan.
Sanggeus ditangtukeun narasumberna,, teh
ujug-ujug langsung ngayakeun wawancara. Nu ngawawancara biasana nyusun heula
pertanyaan, luyu jeung kabutuh informasi nu hayang dikumpulkeun. Dina nyusun
pertanyaan bisa ngagunakeun rumus 5W + 1 H. Éta téh mangrupa singgetan tina
kecap-kecap pananya dina basa Inggris. Wincikanana:
What-naon
Where-mana, di mana
When-iraha
Who-saha
Why-naha
Ditambah ku:
How-kumaha
Upamana urang hayang meunang informasi
ngeunaan mekarna pupuh raéhan. Urang bisa nyusun pertanyaan nkieu:
Naon nu disebut pupuh raéhan téh? Naon
bédana jeung pupuh buhun?
Di lingkungan mana éta pupuh nyebar
jeung populerna téh?
Iraha diciptakeunana jeung ti mimiti
iraha populérna?
Saha nu nyiptakeun atau mopulérkeunana
téh?
Naha anjeunna bet nyiptakeun pupuh
raéhan?
Kumaha réaksi masarakat kana munculna
pupuh raéhan?
Dina nyusun pertanyaan, urang anu
ngawawancara kudu boga sikep kritis, ulah sakadar nepikeun pertanyaan nu geus
disusun. Lamun aya anu kudu dikoméntaran atau aya hal-hal anu urang henteu
panuju kana jawaban nnanrasumber, ku urang bisa disusul tepus atau ditanyakeun
deui.
Sanggesu pertanyaan disusun, kakara
maheutkeun jangji jeung narasumber pikeun ngayakeun wawancara. Mun geus sapuk
mah, tepung jeung di mana jeung iraha-irahana, kakara ngayakeun wawancara.
Léngkah satuluyna nyaéta nyusun laporan wawancara.
Jadi, mun diruntuykeun mmah
léngkah-léngkah wawancara téh kieu:
Ngarumuskeun topik jeung tujuan wawancara
Neuleuman masalah nu rék dipaké bahan
wawancara
Nangtukeun narasumber jeung maluruh
biodatana
Nyusun daftar pertanyaan nu rék
ditepikeun ka narasumber
Maheutkeun jangji jeung narasumber keur
wawancara
Ngalaksanakeun wawancara luyu jeung jangji saméméhna
Nyusun laporan wawancara
Léngkah-léngkah Wawancara |
Dadaran |
1. Ngarumuskeun topik jeung tujuan wawancara |
Topik: Munculna pupuh raéhan minangka inovasi dina seni pupuh.
Tujuan: Ngumpulkeun rupa-rupa informasi ngeunaan sajarah jeung mekarna
pupuh raéhan. |
2. Nangtukeun narasumber, sarta maluruh atau nyiapkeun bahan (biodata)
perkara narasumber |
Yus Wiradiredja, seniman anu ogé dosém di Institut Seni dan Budaya
Indonesia (ISBI) Bandung, kalahiran Cianjur. |
3. Nyusun daftar pertanyaan. |
·
Naon nu disebut pupuh raéhan téh? Naon bédana
jeung pupuh buhun? ·
Di lingkungan mana éta pupuh nyebar jeung
populérna téh? ·
Iraha diciptakeunana jeung mimiti iraha
populérna? ·
Saha nu nyiptakeun atau mopulérkeunana téh? ·
Naha Anjeunna bet nyiptakeun pupuh raéhan? ·
Kumaha réaksi masarakat kana munculna pupuh
raéhan? |
3. Maheutkeun jangji jeung narasumber. |
Wartawan nyieun jangji jeung
narasumber nyamggupan pikeun wawancara. |
4. Ngalaksanakeun wawancara |
Luyu jeung jangji, wawancara dilaksanakeun di kampus ISBI, Jl. Buah Batu Bandung. |
5. Nyusun laporan wawancara |
Hasil wawancara dituliskeun
mangrupa laporan dina wangun tanya jawab, sarta dijudulan “Pupuh raéhan,
Ngajawab Panangtang Jaman.” |
Patali jeung nyusun laporan wawancara,
aya dua pilihan. Laporan bisa ditulis mangrupa tanya jawab siga bacaan di
luhur, atau bisa dina wangun narasi. Warta nu sok dimuat dina koran, éta téh wangun
laporan narasi dina hasil wawancara antara wartawan jeung narasaumber.
Posting Komentar untuk "WAWANCARA"