Panganteur
PANGJAJAP
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka
Alloh Swt. Kalawan rohmat sinareng barokah-Na, ieu Modul Digital Pangajaran
Bahasa Sunda Kelas X, XI, XII tingkat SMA Di SMAN 1 Leuwimunding Kabupaten
Majalengka Provinsi Jawa Barat tiasa réngsé.
Ieu modul digital téh disusun kalayan
nimbang-nimbang kondisi, kamampuh, sinareng
kabutuh siswa SMAN 1 Leuwimunding. Eusi
modul ngahaja disusun kalayan sistematis,
ringkes, mundel, tur pikaresepeun. Lian
ti éta, ieu modul dikonsép sangkan siswa bisa diajar
mandiri, tur henteu leupas tina guru
kalayan inténsif.
Ieu modul dilengkepan ku téks bacaan nu
loyog tur ngirut. Eusi matéri gampang dipikaharti, sok sanajan masih dina pengembangan aya hiji pakakas nya éta
kamus alit online nu tacan tiasa
dipidangkeun dina ieu blog. Mugya éta kamus alit téh tiasa énggal diréngsékeun,
sabab mibanda fungsi anu penting pisan. Kusabab lingkungan SMAN 1 Leuwimunding
mah kaasup kana dwibahasawan antara Sunda jeung Jawa Cirebon.
Tangtuna, kahontalna tujuan pangajaran
téh dirojong ku bahan ajar nu mundel,
salasahijina nyaéta modul pangajaran
dina wanda digital. Ngaliwatan modul digital ieu dipiharep bisa ngigelan jaman
nu asup kana alam digitalisasi. Ieu modul digital dipiharep bisa ngadeudeul
siswa dina mikapaham matéri basa Sunda di Kelas X, XI, XII di tingkat SMA,
hususna kanggé lingkungan SMAN 1 Leuwimunding.
Pamungkas, simkuring seja ngahaturkeun
réwu nuhun ka sadaya pihak nu parantos ngarojong medalna ieu modul digital.
Mugia tiasa ngabantos pancén réréncangan guru dina
ngahirup-huripkeun basa Sunda. Tangtos
baé seueur kénéh kakiranganana. Ku kituna,
pangdeudeul, kritik, sinareng saran
kalintang diantos-antos pisan. Urang sarungsum bari
maju baé, pikeun bahan révisi tur
ngahasilkeun modul digital nu langkung mundel. Sakitu anu kapihatur.
Nyanggakeun saaya-aya. Haturnuhun pisan, mugya aya mangpaatna.
Posting Komentar untuk "Panganteur"