Sisindiran
Sisindiran
Ieu di handap mangrupa sisindiran hasil karya ti siswa SMAN 1 Leuwimunding, Kabupaten Majalengka taun ajaran 2021-2022 kelas XI IPS 3.
Mamat meuli lalayangan
Tuluy meuli samsu refil
Isuk mamat kabeurangan
Dihukum nyepengan cepil
Heldi Firdaus
Farhatun nida
Jalan-jalan ka cisaat
Ulah poho meuli ramat
Kajeun urang keur malarat
Ulah poho kana solat
Euis jumiati
Ulah poho mayar pajak
Bisi motor diangkutan
Isukan rek meuli rujak
Di pasar malam minguan
Herawati agustin
Jalan-jalan ka talaga
Balikna mawa sapéda
Tong sombong jadi jelema
Matak hirup meunang karma
Sri rahmawati
Ningendi gulati kulit
Péngénékuh memuteran
Ningendi gulati duit
Péngénékuh pelesiran
Langgeng
Indit ka tempat wisata
Bari dahar sangu garing
Éndahna alam di dinya
Nepi ka jadi refreshing
Gina nur amalina
Ka cirebon meuli lilin
Balikna meunang perkedél
Ulah loba teuing ulin
Matak hideung was si fadél
Rohmat Fatulloh
Ka warung meuli asoka
Dina warung meuli botol
Mun hayang loba pahala
Kudu sollat leuwih getol
Nurkholisah
Jalan-jalan ka cibubur
Balikna balik ka jembar
Kajeung urang eukeur libur
Ulah poho ka diajar
Tiara aulia
Meuli rujak ka mang heri
Balikna meuli sarimi
Sing getol tolabul ilmi
Bekel engké jeung salaki
Posting Komentar untuk "Sisindiran"