Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sora Omongan, Foném, Vokal, Lentong, jeung Konsonan

Fungsi utama basa téh jadi alat komunikasi manusa. Ari medium komunikasi nu dipakéna bisa lisan bisa tulisan. Komunikasi basa lisan dipilampah maké lambang sora omongan, ari komunikasi basa tulis dipilampah maké lambang aksara. Upama sora omongan diulik ku tata sora (fonologi/fonetik), ari aksara diulik ku tata aksara (grafemik/garfologi).

Unggal basa diwujudkeun ku sora. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora jadi dasar ulikan tulisan atawa tata aksara. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu disebut sora basa (fon) Sora basa aya anu béda kadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngéna béda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut foném. Foném sok ditulis di antara dua gurat condong /..../. 

Upamana baé, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. 

Geura tengetan contona dina pasangan minimal: /batak/    /batik/    /batuk/    /batok/    /batek/.

Foném

Foném dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa kecap, ilaharna teu ngabédakeun harti. Variasi ucapan foném nu teu ngabédakeun harti disebutna alofon, sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana baé, sora /o/ dina kecap boboko jeung dina kecap noong aya bédana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [ ].כJadi, foném /o/ ngabogaan dua variasi ucapan, nya éta [o] jeung ].כ[.


Foném aya bédana jeung grafém. Foném patali jeung sora omongan nu dipaké dina basa lisan, ari grafém patali jeung lambang foném ku aksara nu dipaké dina basa tulis. Aksara sok ditulis di antara tanda <...>. Dina ngalambangkeun sora basa, jumlah foném jeung aksara bisa sarua bisa béda.
Upamana waé, kecap kuda diwangun ku opat aksara atawa hurup, nya éta <k>, <u>, <d>, jeung <a>, sarta kabeneran diwangun ku opat foném nya éta <k>, <u>, <d>, jeung <a>. Jaba ti éta, aya foném anu dilambangkeun ku dua aksara saperti foném /ŋ/ nu dilambangkeun ku aksara <ng>, foném /ň/ nu dilambangkeun ku aksara <ny>, foném /ő/ dilambangkeun ku aksarana <eu>. Jadi, kecap seungit diwangun ku lima foném, nyaéta /s/, /ö/, /ŋ/, /i/ jeung /t/; ari jumlah aksara mah aya tujuh nyaéta <s>, <e>, <u>, <n>, <g>, <i>, jeung <t>.


Sora omongan atawa foném aya nu wujudna bisa katangén aya nu henteu. Sora omongan anu wujudna katangén tur bisa dipisah-pisah disebut sora ségméntal (kauni), ari sora omongan anu teu bisa katangén tur rada hésé dipisahpisahkeunana disebut sora supraségméntal atawa sora prosodi (tanuni). Dumasar kana aya henteuna hahalang dina waktu ngucapkeunana, foném ségméntal bisa diwincik jadi dua rupa, nyaéta vokal (swara) jeung konsonan (wianjana).

Vokal

Vokal atawa swara nyaéta sora omongan anu diwangun ku hawa anu kaluar tina bayah sarta waktu ngaliwatan tikoro teu meunang hahalang. Ku lantaran teu meunang panghalang, vokal sok disebut sora hirup. Dina ngawangun vokal aya tilu perkara anu mangaruhan ajén atawa kualitasna, nyaéta buleud-gépéngna wangun biwir, maju-mundurna létah, jeung luhur-handapna létah. Ari vokal dina basa Sunda jumlahna aya tujuh siki, nyaéta /a/, /i/, /u/, /é/, /o/, /e/, jeung /eu/. Sora vokal dina basa Sunda bisa dilambangkeun dina tabél ieu di handap. 

Tabel 1.1: Lambang Vokal

Lambang

Vokal

Grafémis

<a>

<i>

<u>

<é>

<o>

<e>

<eu>

Fonémis

/a/

/i/

/u/

/ε/

/o/

/e/

/eu/

Fonétis

[a]

[i]

[u]

[e]

[o]

[]

[ő]

Dumasar kana ajén kualitas cara diwangunna, dénah vokal bisa ditabelkeun saperti ieu di handap.

Tabel 1.2: Dénah Vokal Basa Sunda

Bagian Létah

Maju Mundurna Létah

Posisi Biwir

Hareup

Tengah

Tukang

Luhur Handapna Létah

b

tb

b

tb

b

tb

Luhur

 

I

 

a

 

u

Tengah

 

Ε

 

o

 

Handap

 

 

 

a

 

 

Katerangan:
b: buleud
tb: teu buleud

Sangkan leuwih basajan, éta diagram téh bisa digambarkeun deui dina wangun diagram jurutilu saperti ieu di handap.

Bagan 1.1: Jurutilu Vokal Basa Sunda
[i] [ö] [u]
[ε] [] [o]
[a]

Konsonan

Konsonan atawa wianjana nyaéta sora basa nu diwangun ku hawa nu kaluar tina bayah (paru-paru) sarta waktu ngaliwatan tikoro meunang hahalang. Ku lantaran meunang panghalang, konsonan sok dusebut sora paéh. Konsonan dina basa Sunda aya 18, nyaéta: /b/, /c/, /d/, /g/, /h/, /j/, /k/, /l/, /m/, /n/, /ny/, /ng/, /p/, /r/, /s/, /t/, /w/, jeung /y/. Konsonan /w/ jeung /y/ sok disebut ogé semi-vokal atawa madya-vokal. Ari sababna, wujudiahna kagolong kana konsonan, tapi mibanda karakteristik vokal. Balukar ayana pangaruh basa asing, dina basa Sunda ogé sok kapanggih konsonan /f/, /q/, /v/, /x/, jeung /z/.


Geura pék titénan tabel dénah konsonan ieu di handap.

Kaayaan Pita Sora

Wewengkon Artikulasi

Cara Artikulasi

Bilabial

Labio
Déntal

Déntal
Alvéolar

Palatal

Vélar

Laringal

Glotal

Mandeg (Stop)

TS

P

 

t

c

k

 

?

S

b

 

d

j

g

 

 

Gésér (Frikatif)

TS

 

(f)

s

 

(x)

h

 

S

 

(v)

(z)

 

 

 

 

Lateral

S

 

 

l

 

 

 

 

Geter

S

 

 

r

 

 

 

 

Nasal

S

m

 

n

ñ

ŋ

 

 

Sémivokal

S

 

W

 

y

 

 

 

Katerangan:
S: Soraan TS: Teu soraan

Lentong

Lentong (intonasi) téh mangrupa pola gumulungna ciri-ciri sora supraségméntal (prosodi) saperti tekenan, dangka, randegan, jeung wirahma. Tekanan téh tumerapna kana kecap. Henteu unggal kecap dina kalimah dibéré tekenan, ilaharna anu dibéré tekenan (aksén) téh kecap-kecap nu dipentingkeun. Tekanan (bedas alonna sora) sok babarengan jeung dangka (panjang pndokna sora) katut wirahma (naék turunna sora). Hiji engang bakal kadéngé béda lamun diucapkeun dina dangka anu leuwih panjang batan engang séjénna. jaba ti éta, dina omongan téh sok kadéngé ayana randegan (jeda, kesenyapan) di antara babagian éta omongan. Randegan nu dipaké ngamimitian jeung mungkas kalimah nyaéta sendi képang rangkep (#), anu dipaké di antara babagian kalimah nyaéta sendi rangkep (//), anu dipaké diantara dua gundukan kecap atawa frasa nyaéta sendi tunggal (/), ari anu dipaké di antara engang nyaéta sendi tambah (+) atawa sendi bantun (-).




Posting Komentar untuk "Sora Omongan, Foném, Vokal, Lentong, jeung Konsonan"