DONGÉNG SANTRI BODO
Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqur’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina geus teu kuat nahan jaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksud rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang teoung pok nyarita,”Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Mulangteras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajenengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakar manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.
Tapi manéhna keukeuh ménta didinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon..
“Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit”
“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didungakeun.
Isukna rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lemburna téh, lilana kira-kira spoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawana, réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat lohor luhureun batu lémpar.
Tah, waktuna manéhna solat, sora cai nyaclak kadéngéna beuki jelas. Clak… clak… clak…., cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh … katenjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.
Ieu geuning asalna datang sora téh, gerentesna. Ngan édas mani siga meunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik tekna jarum jam. Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.
Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai téh nepi ka legokna. Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu nu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh tahun.
Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.
Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataékan.
Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan datang deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kagét nénjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan.” Cenah.
Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nya éta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.
“Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai,” cenah ceuk Ajengan.
Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung élmuna.
Posting Komentar untuk "DONGÉNG SANTRI BODO"